Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

- 30 Januari 2023, 12:00 WIB
Palabuan Sunda Kalapa di Jakarta, kecap kalapa asalna tina Karapa.*
Palabuan Sunda Kalapa di Jakarta, kecap kalapa asalna tina Karapa.* / /

GALURA -Ceuk sakaol, Palabuan Sunda Kalapa di Jakarta geus aya ti abad ka-5, ti jaman Tarumanagara.

Jaman Karajaan Sunda-Galuh nu puseur pamarentahanaan di Pakuan Pajajaran, Palabuan Sunda Kalapa teh palabuan nu kawilang badag jeung rame.

Di Palabuan Sunda Kalapa larsup kapal-kapal ti Nusantara jeung ti mancanagara. Dina jamanna Palabuan Sunda Kalapa, kaasup palabuan nu penting.

Eta sababna Cirebon dibantuan ku Demak ngarebut Palabuan Sunda Kalapa ti Pajajaran.

Baca Juga: Agama Sunda, Ceuk Pantun Bogor, Geus Aya Jauh Samemeh Urang India Daratang ka Nusantara

Naha dingaranan Palabuan Sunda Kalapa? Naha pedah di basisirna rajeg tangkal kalapa? Tapi pan di basisir mah umumna loba tangkal kalapa?

Budayawan Betawi, Ridwan Saidi suwargi, ngasongkeun kamandang kecap kalapa asalna ti karapa, ngaran wewengkon nu baheulana pisan kabawah ka seke seler (suku) Maya di Amerika Kidul.

“Suku Maya daratang ka basisir nu saterusna dingaranan Karapa, make kecap Sunda lantaran di dieu beunghar ku, mun ayeuna disebut, potensi alamna, barang tambang,” ceuk Ridwan Saidi.

Sunda téh hartina bodas, taya patalina jeung warna, ieu mah ngalambangkeun kaaayaan Jawa Barat, kaasup dina hal kabatinana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x