Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

- 27 Januari 2023, 14:30 WIB
Petilasan Adipati Singaperbangsa di Jalan Siliwangi, Kota Banjar, Jawa Barat/Galura/Dok Aam PS
Petilasan Adipati Singaperbangsa di Jalan Siliwangi, Kota Banjar, Jawa Barat/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Lain sakali-dua kali Galura lolongok ka Patilasan Singaperbangsa nu perenahna di sisieun jalan Siliwangi, Kota Banjar, Jawa Barat teh.

Ngan sabada Galura pindah ti Kota Banjar ka Sumedang taun 2011, lolongok ka patilasan Singaperbangsa teh karek sawatara waktu kaliwat.

Basa pareng ka Pangandaran, Galura ngahaja nyimpang heula ka situs Singaperbangsa, bari sakalian ngareureuhkeun kacape.

Muru ka makamna teu singna hese. Di sisieun jalan katara plang nu nuduhkeun situs, teu jauh ti batu gede.

Baca Juga: Ngelehkeun Borneo FC 1-0, Persib Bandung Ngangsrod ka Puncak Klasemen Liga 1, Bobotoh : Luis Milla Hebat!

Lian ti eta, aya jalan satapak nanjak nu geus lidig balas pada nincakan, nu anggangna kira 20 meteran ti sisieun jalan. Leumpang kira lima menit ti jalan ge, situs geus katincak. Dikulibeng pager kai jeung awi, sarta aya dina iuh-iuh tangkal gede.

Aya dua “makam” atawa patilasan di Situs Singaperbangsa nu perenahna di Gunung Babakan, dina lahan bogana PT Perhutani jeung ditangtayungan nagara luyu jeung UU No 5 Taun 1992 Bab VIII Pasal, 2.5 teh.

Nu hiji rada panjang jeung rubak, nu hiji deui rada leutik. Ngan duanana ge sarua, nyangirah ngaler, aya tetenggeran jeung ditutupan batu tatapakan.

Baca Juga: Rumpaka atawa Lirik Lagu 'Runtah' ti Doel Sumbang Nu Viral Nepi ka Kiwari

Nurutkeun katerangan, makam nu gede jeung panjang, makamna Adipati Singaperbangsa, ari nu hiji deu, nu ukuranna rada leutik, geureuhana Singaperbangsa.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x