Kasus Penipuan Di Kuningan, Diajak Gawe Bareng Usaha Catering, 23 Warga Karoroncodan Rp. 3,1 Milyar

- 26 Januari 2023, 20:52 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Dhany Aryanda, Nembongkeun barang bukti kasus panipuan atawa penggelapan, dina Konferensi Pers, di Mapolres Kuningan, Kemis, (26/1/2023).*
Kapolres Kuningan, AKBP Dhany Aryanda, Nembongkeun barang bukti kasus panipuan atawa penggelapan, dina Konferensi Pers, di Mapolres Kuningan, Kemis, (26/1/2023).* /Ajun Mahrudin/

GALURA- Aya 23 warga di Kabupaten Kuningan, jadi korban panipuan atawa penggelapan. 

Anu jadi tersangkana salah saurang awewe, ibu rumahtangga inisial AA, warga di wewengkon Kecamatan Darma.

Kapolres Kuningan, Ajun Komisaris Besar Polisi (AKBP) Dhany Aryanda, nyebutkeun eta kasus kaungkab sanggeus aya dua warga nu katipu, ngalaporkeun tersangka ka Polres Kuningan.

Baca Juga: Koperasi Abdi Karya Bahari Ngabagikeun SHU Rp 375.000.000, Anggota Ngarasakeun Pisan Mangpaatna

Sanggeus disusud jeung pamariksaan, singhoreng anu jadi korban teh teu semet dua urang.

Aya deui warga-warga sejenna nu jadi korban. Samalah leuwih rea,  aya 21 urang di luar anu ngalaporkeun, sarua jadi korban panipuan motifna nawarkeun gawe bareng usaha catering.

Baca Juga: Angka Persentase Kasar 81,47 Persen, Atalia : Pokja PAUD Kuningan Picontoeun

Kasang tukangna mah, ceuk Dhany, ngajak rukun gawe usaha catering. Anu nawaran babarengan usaha, patali aya pesenan ti anu hajatan.

Tapi nyatana, AA saukur nyieun siasat atawa akon-akon. Nu puguhna mah 23 urang warga anu ku manehna kiwari diajak gawe bareng teh karoroncodan atawa rugi anu jumlahna ngahontal Rp. 3,1 milyar.

" Motifna mah sarua nawarkeun gawe bareng usaha ka korban sewang-sewangan," ceuk Dhany, basa Konfrensi Pers di Mapolres Kuningan, Kemis, (26/1/2023).

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x