GALURA-Angka persentase kasar jeung angka persentase murni APK-APM) pendidikan anak usia dini (PAUD) di Kabupaten Kuningan, ngahontal 81,47 persen.
Eta hal ditembrakeun ku Bunda PAUD Kabupaten Kuningan, Ika Rahmatika, basa acara silaturahmi Pokja Bunda PAUD, Salasa, (24/1/2023).
Ceuk Ika, kahontalna angka APK-APM kasebut, bukti nyata hasil rukun gawe rancage sakumna pihak nu aya patalina sual ngokolakeun atikan.
Baca Juga: Dana RMP keur Siswa jeung Mahasiswa Kurang Mampu di Kota Bandung, Ieu Wincikanana
Nurutkeun Ika, angka partisipasi kasar teh nyaeta persentase jumlah padumuk nu keur sakola di hiji jenjang pendidikan.
Sedengkeun angka partisipasi murni nyaeta persentasi jumlah budak dina kelompok umur sakola.
Sajeroning kitu, Bunda PAUD Povinsi Jawa Barat, Praratya Ridwan Kamil, anu milu ngaluuhan eta acara, nyebutkeun Pokja PAUD Kabupaten Kuningan picontoeun di Jawa Barat.
Baca Juga: DPRD jeung Dinkes Kabupaten Ciamis Meredih Pihak Sakola Nalingakeun Jajanan Barudak
Kahareupna, ceuk Atalia, perlu lengkah jeung tarekah, salah sahijina ku cara ngabentuk Bunda PAUD di sakumna desa/kelurahan.
Pon kitu di saban kecamatan, hususna wewengkon Kabupaten Kuningan.