DPRD jeung Dinkes Kabupaten Ciamis Meredih Pihak Sakola Nalingakeun Jajanan Barudak

- 25 Januari 2023, 13:00 WIB
DPRD Kabupaten Ciamis gawe bareng jeung Dinas Kesehatan (Dinkes) Kabupaten Ciamis ngagelar sosialisasi ngeunaan antisiasi bahayana jajanan barudak di sakola.
DPRD Kabupaten Ciamis gawe bareng jeung Dinas Kesehatan (Dinkes) Kabupaten Ciamis ngagelar sosialisasi ngeunaan antisiasi bahayana jajanan barudak di sakola. /

 

GALURA -Dina raraga nyinglar hal-hal anu teu dipikaharep, anggota DPRD Kabupaten Ciamis gawe bareng jeung Dinas Kesehatan (Dinkes) Kabupaten Ciamis ngagelar sosialisasi ngeunaan antisiasi bahayana jajanan barudak di sakola.

DPRD Kabupaten Ciamis jeung Dinkes Kabupaten Ciamis ngarasa perlu sosialisasi jajanan barudak, sabab kiwari loba kajadian anu teu dipiharep alatan jajanan.

Sosialisasi jajanan barudak nu dilakukeun ku DPRD Kabupaten Ciamis jeung Dinkes Kabupaten Ciamis dilaksanakeun di wilayah eks Kawadanaan Panumbangan di Gedung SMPN 1 Panumbangan.

Baca Juga: Komisi D DPRD Kabupaten Ciamis Nganjang ka SD jeung ka SMP, keur Leuwih Ngaronjatkeun Atikan Pendidikan Dasar

Anggota DPRD Kabupaten Ciamis jeung staf Dinkes Kabupaten Ciamis ngawanti-wanti ka pihak sakola kudu bisa nalingakeun parapadagang anu aya di sabunderen sakolana.

Pangna kudu ditalingakeun bisi aya jajanan nu matak ngabahayakeun kasehatan barudak.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x