SDN Kuningan 17 Pindah, Acep : Bangunan Heubeul Rek Dibebenah Jadi Lahan Parkir

- 16 Januari 2023, 18:09 WIB
Sababaraha urang murid SDN Kuningan 17 keur ngobrol reujeung pada baturna, di pakarangan sakola lokasi anyar, urut bangunan SMA Kosgoro, di lelewek Lamepayung, Kelurahan/Kecamatan Kuningan, Senen, (16/1/2023)
Sababaraha urang murid SDN Kuningan 17 keur ngobrol reujeung pada baturna, di pakarangan sakola lokasi anyar, urut bangunan SMA Kosgoro, di lelewek Lamepayung, Kelurahan/Kecamatan Kuningan, Senen, (16/1/2023) /Ajun Mahrudin/

GALURA, Sakumna murid jeung guru SDN Kuningan 17 di Kabupaten Kuningan, Senen, 16 Januari 2023), resmi pindah lokasi.

Nyatana, nempatan urut bangunan SMA Kosgoro anu perenahna di Jalan Aruji Kartawinata, lelewek Lamepayung Kelurahan/Kecamatan Kuningan.

Murid eta sakola anu jumlahna 364 urang, pindah, lantaran bangunan SDN Kuningan 17 anu heubeul di Jalan Siliwangi Kuningan rek dibongkar patali rarancang panataan kawasan pertokoan di lokasi bangunan eta sakola.

Kepala SDN 17 Kuningan, Udi Mashudi, nyebutkeun taya pasualan sual pindahna lokasi sekola.

Bangunan jeung lingkungan sakola anu mimiti ditempatan kiwari leuwih hade, matak pikabetaheun pikeun murid-murid dina nyuprih elmu.

" Alhamdulillah agreng, aya rohangan IT sareng aula, pakaranganna oge lega deuih. Mung anu teu acan aya teh rohangan perpustakaan" ceuk Udi.

Bupati Kuningan, Acep Purnama nyebutkeun, pangna SDN Kuningan 17 Pindah teh alatan bangunan heubeul eta sakola rek dipugar dijadikeun lahan parkir jeung tempat padagang kaki lima (PKL) hususna anu ngajual kadaharan atawa kuliner.

"Moal lami deui bangunan heubeul SDN Kuningan 17 baris diratakeun, dina raraga tatahar mayunan panataan Jalan Siliwangi" ceuk Acep,

Inyana miharep, di lokasi anyar bangunan SDN Kuningan 17 bisa ngahudang sumanget pikeun murid. Pon kitu guru-guru jeung kolot murid bisa Lugina hate.


 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x