Alun - Alun Singaparna Ayeuna Ginding Kacida, Beda Pisan Jeung Baheula, Ridwan Kamil : Ruang Publik Tumaninah

- 14 Januari 2023, 21:17 WIB
Alun-alun Singaparna Tasikmalaya kiwari beda jeung bihari/Istimewa
Alun-alun Singaparna Tasikmalaya kiwari beda jeung bihari/Istimewa /

TASIKMALAYA, GALURA - Ti heula mah sareukseuk kacida alun-alun Singaparna, Tasikmalaya teh.

Ku kituna, sok sanajan ti heula ge geus jadi jadi pangulinan kulawarga, teu singna hayang lila ulin di alun-alun Singaparna.

"Kitu tah kapungkur mah," cek hiji warga hiji waktu ka Galura, basa lolongok ke alun-alun Singaparna.

Baca Juga: Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka

Ngan, ti saprak alun-alun diropea tur diresmikeun ku Gupernur Jawa Barat Ridwan Kamil Sabtu 14 Januari 2023, alun-alun Singaparna teh jadi ginding.

Ulin ge matak betah lila. Angot barudak mah.

Munasabah tuda ayeuna mah alun-alun Singaparna teh salin jinis jadi "ruang terbuka" nu merenah jeung tumaninah naker.

Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

Di jerona, ayeuna lain mangrupa lahan nu lega tur laluasa keur sesepakan cara ti heula, tapi aya sawatara fasilitas.

Fasilitasna teh antarana wae, amfiteater, plaza, tatapakan keur leuleumpangan, jeung tempat keur ulin barudak.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: jabar.antaranews.com


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x