Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

- 14 Januari 2023, 06:38 WIB
Bupati Ciamis Herdiat Sunarya, Jumaah (13/01/2023)  ngalayad korban angin lilimbungan di Kecamatan Panawangan, sakalian masrahkeun bantuan.*
Bupati Ciamis Herdiat Sunarya, Jumaah (13/01/2023) ngalayad korban angin lilimbungan di Kecamatan Panawangan, sakalian masrahkeun bantuan.* /

KABUPATEN CIAMIS, -Bupati Ciamis Herdiat Sunarya ngalayad korban angin lilimbungan di Kecamatan Panawangan, sakalian masrahkeun bantuan, Jumaah (13/01/2023).

Rebo sore (07/01/2023), angin lilimbungan narajang Kecamatan Panawangan. Balukarna, gedong madrasah masjid jeung kantor Kecamatan ruksak. Salian ti eta, aya 94 imah warga nu ruksak, tilu di antarana ruksak parna.

Keur imah nu ruksakna parna Bupati Ciamis masrahkeun bantuan Rp5 juta, ari keur imah nu ruksakna teu pati parna Rp1 juta.

“Simkuring boh pribadi boh asmana Pemerintah Kabupaten Ciamis ngiring bela sungkawa kana musibah anu tumiba ka Kecamatan Panawangan,” ceuk Bupati Ciamis dina basa Sunda.

“Urang kedah napakuran ieu musibah: panggeuing kanggo urang supados tambih caket ka Alloh sareng nebihan kamaksiatan anu ngalantarankeun dongkapna bendu Alloh. Urang kedah sabar sareng tawakal,” ceuk Bupati Ciamis deui

Bupati Ciamis oge nyebutkeun, kantor Kecamatan Panawangan bakal gancang diomean lantaran gede patalina jeung kapentingan masarakat

Camat Panawangan Kusdinar ngahaturkeun nuhun ka Bupati Ciamis nu geus ngalayad jeung masrahkeun bantuan. “Bantosan Bapa Bupati ageung pisan mangpaatna,” pokna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x