Tandes, Bupati Garut Rudy Gunawan Miharep ka Para Kapala Sakola, Tong Ngabeungbeurat Masarakat!

- 23 Januari 2023, 11:15 WIB
Bupati Garut Rudy Gunawan miharep para sakola teu ngabeunbeuratan orang tua murid ku cara menta sumbangan jeung pungli/Galura/Aam Permana S
Bupati Garut Rudy Gunawan miharep para sakola teu ngabeunbeuratan orang tua murid ku cara menta sumbangan jeung pungli/Galura/Aam Permana S /

GALURA - Enya, tandes pisan harepan Bupati Garut Rudy Gunawan ka para kapala sakola atawa kepala sekolah téh.

Kumaha teu rék kitu, sabab Rudy Gunawan miharep malar kapala sakola di Garut babakuna di SD jeung SMP teu ngabeungbeuratan masarakat dina raraga ngalaksanakeun pendidikan dasar.

"Janten, kapala sakala, sawadina ngadorong, sanés ngabeungbeuratan masarakat dina raraga ngalaksanakeun pendidikan dasar," cek Rudy.

Baca Juga: Wagub Jawa Barat Uu Ruzhanul Ulum Ngadongdon MA jeung SMK Al Musaddadiyah Garut, Ieu Wejanganna ka Siwa

Baca Juga: Totonden Kaayan Nagara ti Leuweung Dukuh Desa Jagabaya

Baca Juga: Nurhayati Tiwas Alatan Musibat Urug di Desa Kertawirama

Eta hal téh ditepikeun ku Rudy Gunawan dina hiji Apel Gabungan jeung sakumna réngréngan Dinas Pendidikan Kabupaten Garut nu diluuhan ku kapala sakola, pengawas jeung nu séjénna, anyar-anyar ieu.

 

"Pokona para kapala sakola kudu nyinglar pisan rupaning urusan nu ngabeungbeuratan masarakat dina dunya pendidikan," tandesna.

 

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x