Putri Anjungsari (5)

- 23 Januari 2023, 06:00 WIB
/

TAYA nu lana di buana. Geus lila pisan séké sélér urang ngalalakon. Geus téréh datang kana mangsana papastén. Ari geus kana waktuna mah moal aya nu bisa nyinglar. Anu bisa dipilampah: nyalametkeun pisirungeun, pipepetétan. Sugan jaga aya nu bisa ngalalakon.”

“Tah, pisirungeun nu lunta ti Pakuan kudu bisa datang ka dieu kalayan salamet.”

“Tong hariwang. Ti ditu nu nganteurkeunana lain perjurit samanéa, perjurit pinilih. Kaluar ti Pakuan, maké jalan nu lain jalan biasa, hiji dua nu apaleunana. Maharaja Kawali ogé apan ngajurung kami sangkan mapagkeun,” ceuk Aki Jaya.

Panonna mencrong ka lebah runggunukna tangkal caringin dina tungtung ponclot pasir beula kulon, rada anggang ti tempat diuk. Siga nu manggih tetempoan.

Nyeueung Aki Jaya kitu, nu dibaju hideung cengkat. “Kami moal lila. Ieu Maharaja Kawali mekelan,” pokna bari nyodorkeun éndongna. 

“Na maké mekelan sagala.”

“Tanda kanyaah ti Maharaja Kawali. Hampura, Maharaja Kawali teu bisa nepungan. Paur urang Carbon nuturkeun.”

“Heueuh keun waé. Moal ngasaan beuleum lauk heula?”

“Lain nampik, keur boga maksud.”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x