Kelompok Ilmiah Remaja (KIR) SMAN 1 Kawali Ciamis Ngabuburit di Gada Membaca, Nyieun Roket

- 4 April 2024, 18:19 WIB
KIR SMAN 1 Kawali ngajak nyieun roket ka rumaja nu miluan kagiatan Romadon di Garda Membaca Kawali.
KIR SMAN 1 Kawali ngajak nyieun roket ka rumaja nu miluan kagiatan Romadon di Garda Membaca Kawali. /Garda Membaca/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Kelompok Ilmiah Remaja (KIR) SMAN 1 Kawali ngajak ngabuburit ka siswa SD, SMP, jeung rumaja nu miluan kagiatan Komunitas Gada Membaca Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis sawatara waktu ka tukang.

KIR SMAN 1 Kawali ngajak ngabuburit teh nyieun roket cai. Bahan-bahanna botol plastik urut cai kemasan (600 ml), kertas karton, gunting jeung cutter, kompa manual, jeung lakban.

Arif Rahman Nugraha salasaurang anggota KIR SMAN 1 Kawali pangna ngajak rumaja nyieun roket cai teh pikeun nembongkeun aplikasi prinsip fisika nu mindeng dianggap ribet jadi leuwih Babari, malah jadi kaulinan.

Mangpaat tina nyieun roket nembongkeun prinsip fisika bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoe sarta bisa dimangpaatkeun.

Anu aib milu nyieun roket aya 83 uran, siwa MI Winduraja, MI Al Ittihad, MI PUI Kawalimukti, SMPN 1 Kawali, SMPN 2 Kawali, jeung guru MI Winduraja.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x