Ngalongok Situs Karamat Singaperbangsa di Gunung Babakan Kota Banjar

- 27 Januari 2023, 14:30 WIB
Petilasan Adipati Singaperbangsa di Jalan Siliwangi, Kota Banjar, Jawa Barat/Galura/Dok Aam PS
Petilasan Adipati Singaperbangsa di Jalan Siliwangi, Kota Banjar, Jawa Barat/Galura/Dok Aam PS /

Di luareun situs, aya sasaungan dua. Nu hiji, perenahna deukeut pisan makam, ari nu hiji deui, dina tempat nu mirupa guha, nu ditaksir sok dipake sare ku nu ngadon jararah.

Hanjakalna, unggal lolongok ka situs, Galura can diparengkeun tepung jeung juru kunci atawa kuncenna.

Baca Juga: Mabokuy, Momones Anyar Ti Rajadesa, Ciamis, Mucunghul tina Jiwa Seni Warga nu Apal Kana Potensi Desa

Cek warga nu  kapergo keur neangan suluh pangpung mah, kuncenna teh jarang aya, imahna ge duka teuing di mana.

“Tara aya, Kang. Unggal abdi kadieu milarian suluh ge, sok suwung wae,” cek Sapri, warga nu harita keur neangan suluh. Najan kitu, Sapri apal yen ngaran kuncenna ayeuna teh, Bastari, kuncen anyar gaganti bapana nu geus tilar dunya sawatara taun ka tukang.

Alatan can kungsi tepung jeung kuncenna tea, saha saenyana nu sumare di makan Gunung Babakan, teu kakobet kalawan jentre.

Baca Juga: Putri Anjungsari (9)

Paling nu dipake cecekelan teh katerangan Sapri jeung sawatara referensi dina buku.****

 

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x