Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

- 3 Februari 2023, 12:30 WIB
Gunung Jati, tempat Sunan Gunung Jati. Dihatean ku Demak Cirebon misahkeun maneh ti Pajajaran. Walangsunsang ngeclakeun Cipanon.
Gunung Jati, tempat Sunan Gunung Jati. Dihatean ku Demak Cirebon misahkeun maneh ti Pajajaran. Walangsunsang ngeclakeun Cipanon. /

GALURA -Seuweu Larasantang, Syarif Hidayatullah, nu dilahirkeun jeung digedékeun di Mesir saditinggalkeunana ku bapana, panguasa lokal di Mesir nu dina Babad Cirebon ngaranna Sultan Mahmud, balik ka Cirebon bareng bareng jeung Larasantang.

Syarif Hidayatullah jeung Larasantang anjog ka Cirebon taun 1540 Masehi, saméméhna nyimpang heula ka Banten jeung ka Ampel (Jawa Timur).

Larasantang jeung Syarif Hidayatullah ngamukim di Muharajati. Syarif Hidayatullah ngadahup ka Nyai Pakungwati, siwi Walangsungsang jeung ka Nyai Babadan, siwi Ki Gedeng Babadan.

Baca Juga: Stasiun Kareta Api Buitenzorg Make Arsitektur Corak Eropa, Ayeuna Kaendahanana Meh Leungit

Bojo Syarif Hidayatullah sejenna: Nyai Kawung Anten (adi panguasa Banten), Syarifah Bagdadi (adi pangéran Panjunan), Ong Tin Nio (Tiongkok), jeung ka Tepasasri (siwi Ki Gedéng Tepasari ti Majapahit).

Ku mitohana nu oge uwana, ku Walangsungsang, Syarif Hidayatullah dipasrahan Cirebon.

Dibantuan ku Demak, Syarif Hidayatullah nu sanggeus maot julukanan Sunan Gunung Djati, ari makamna mah di Gunung Sembung nu teu jauh ti Gunung Jati, leuwih mekarkeun Cirebon jeung nohagaan angkatan perang.

Sanggeus ngarasa kuat, Syarif Hidayatullah misahkeun Cirebon ti Pajajaran. Cirebon henteu masrahkeun upeti ka Rajagaluh. Atuh peperangan antara Rajagaluh jeung Cirebon teu bisa disinglar.

Baca Juga: Palabuan Sunda Kalapa, Kecap Kalapa asalna tina Karapa, Ngaran Wewengkon di Suku Maya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x