Alatan VOC atawa Kumpeni nu Ngamonopoli Dagang di Hindia Timur, Cirebon Robah Lain Karajaan nu Boga Kakawasaan

- 18 Februari 2023, 07:40 WIB
Karaton Kasepuhan. VOC atawa Kumpeni ngawasa perdagangan di Hindia Timur  ngalantarankeun karajaan di Cirebon teu boga kakawasaan.
Karaton Kasepuhan. VOC atawa Kumpeni ngawasa perdagangan di Hindia Timur ngalantarankeun karajaan di Cirebon teu boga kakawasaan. /

Baca Juga: Sistematika Naskah Pangeran Wangsakerta teu Beda jeung Karya Tulis Ilmiah Jaman Ayeu

Sanajan statusna tetep make sebutan sultan, tapi ieu 3 sultan teh teu mibanda kakawasaan nanaon sabab ukur pagawe staf kolonial. Hal ieu pisan nu matak nimbulkeun amarah ka rahayat di tatar Cirebon mangsa eta.

Kaasup ulama Desa Depok Blandong, Rajagaluh: Ki Bagus Rangin nu gede pisan pangaruhna. Ki Bagus Rangin teh ulama masagi nu luhung elmuna jeung gede komarana. Pangaruh Bagus Rangin lain ukur di Bantarjati tapi oge di wewengkon sejenna.

Taun 1832 pamarentahan karajaan Inggris di Nusantara nu digupernuran ku Stanford Raffles masrahkeun deui Nusantara ka pamarentahan Karajaan Walanda. Pamarentah Hindia Walanda di Nusantara dihirupkeun deui.

Nyeueung kitu, para ulama di Bantarjati Kabupaten Majalengka menta ka Sultan Kasepuhan supaya Cirebon misahkeun maneh ti Pamarentah Hinda-Belanda.

Baca Juga: Di Museum Negeri Sri Baduga Naskah Pangeran Wangsakerta Aya Opat Seri Sejarah

“Kita hamo teuing tunduk ka Kumpeni, rahayat kita sangsara taya kendatna. Lantaran tanah urang dijajah ku Kumpeni. Sultan kudu incah ti Kumpeni mun hayang nulungan rayatna.”

Kitu ambekna Bagus Rangin waktu menta ka sultan sangkan Kasepuhan pisah ti Walanda.

Urang Nusantara, kaasup urang Sunda harita najan Kumpeni atawa VOC geus bubar sarta Nusantara dicangking ku Hindia Walanda angger wae nyebut ka Walanda teh Kumpeni.

Tangtu wae pamaredih Bagus Rangin jeung para ulama sejenna henteu ditedunan ku sultan Cirebon.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x