Syeh Abdul Muhyi nu Nyebarkeun Agama di Pamijahan Kabupaten Tasikmalaya, cenah Rundayan Raja Pajajaran

- 6 Maret 2023, 12:00 WIB
Makam Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan Kabupaten Tasikmalaya. Ceuk sakaol Syeh Abdul Muhyi turunan raja Pajajaran.
Makam Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan Kabupaten Tasikmalaya. Ceuk sakaol Syeh Abdul Muhyi turunan raja Pajajaran. /Nanang S/Galura

Kaol hiji deui nyebutkeun Syeh Abdul Muhyi lahir di Mataram, Lombok, taun  1071 Hijirah atawa taun 1650 Masehi. Masih rundayan menak, cenah. Bapana, Sembah Lebe Warta Kusumah, rundayan raja Pajajaran.

Syeh Abdul Muhyi munggaran diajar agama Islam di bapana. Pikeun nambahan pangaweruhna dina bag-bagan agama Islam, Syeh Abdul Muhyi miang ka Ampel, Jawa Timur.

Di ditu mondok di pasantren, guguru ka para ulama sohor jaman harita. Umur 19 taun Syeh Abdul Muhyi miang ka Kuala, Aceh, seja leuwih neuleuman agama Islam.

Di Kuala Aceh, Syeh Abdul Muhyi guguru ka Syeh Abdurrauf Singkel nu kakoncara ulama sufi nganut tarekat Syattariyah.

Baca Juga: Raja Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih, ka Kuningan, Ngumaha Pedah Urang Cirebon Mamaksa Dirina Pindah Ageman

Meunang dalapan taun di Kuala Acehna teh, Syeh Abdul Muhyi, harita umurna 27 taun, miang ka Bagdad, jaroh ka makam Syeh Abdul Qadir Jaelani. Ti Bagdad, ngalaksanakeun ibadah haji.

Rengse ngalakonan ibadah haji, henteu balik deui ka Ampel atawa ka Mataram, tapi ngajujug Pulo Jawa bagean kulon. Inyana teh hayang nyebarkeun agama Islam di Tatar Sunda di daerah pagunungan  nu masarakatna can wanoheun kana agama Islam.

Anjog wae ka pilemburan nu pernahna di lengkob pasir nu ngaranna Mujarrad. Di dieu, Syeh Abdul Muhyi  manggih guha nu badag jeung panjang, merenah pisan dipake kontemplasi jeung keur leuwih ngandelan kaimanan jeung katakwaan.

Di Mujarrad, inyana ngadegkeun pasantren, pasantren mungaran di wewengkon Priangan.  Salahsajiji tempat diajar parasantrina di rohangan guha nu kawilang lega.

Baca Juga: Di Desa Nunuk Baru Rea Patilasan, Di antarana Makam Arya Saringsingan, Senapati Karajaan Talaga Manggung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x