Kabataraan Galunggung, Cikal Bakal Kabupaten Tasikmalaya

- 25 Februari 2023, 10:30 WIB
Prasasti Geger Hanjuang nu diteundeun di Museum Nasional Jakarta. Bukti cikal bakal pamarentahan di Tasikmalaya.
Prasasti Geger Hanjuang nu diteundeun di Museum Nasional Jakarta. Bukti cikal bakal pamarentahan di Tasikmalaya. /Museum Nasional Jakarta/

GALURA -Di salahsahiji tutugan Gunung Galunggung kapanggih prasasti nu nétélakeun di wilayah bieu ngadeg pamarentah kabataraan (abad VII-abad XII). Biasa disebut Kabataraan Galunggung nu bisa disebutkeun cikal bakal Kabupaten Tasikmalaya.

Batara, anu nyekel kalungguhan di Kabataraan Galunggung nu kiwari jadi Kabupaten Tasikmalaya mibanda wewenang ngabisheka (ngistrenan atawa nyatujuan) raja-raja di Karajaan Galuh.

Raja anyar di Karajaan Galuh geus sah jadi raja lamun disatujuan ku Batara di Kabataraan Galunggung nu puseurna di Desa Linggawangi Kabupaten Tasikmalaya.

Baca Juga: Putri Anjungsari (38), Di Karaton Surawisesa, Maharaja Sakti Nyoreang Sejarah Luluhurna

Antara abad VII-abad XII nu jadi batara di Kataraan Galunggung teh Semplakwaja, Kuncung Putih, Kawindu, Wastuhayu, jeung Batari Hyang. Jaman Batari Hyang kalungguhan kabataraan robah jadi karajaan, Karajaan Galunggung.

Dina prasasti nu kapaggih di Pasir Hanjuang Desa Linggawangi, Kecamatan Leuwisari, Kabupaten Tasikmalaya, Karajaan Galunggung ngadeg tanggal 13 Bhadrapada 1033 Saka, mun dina taun Masehi mah tanggal 21 Agustus 1111.

Prasastina teh katelah ku sebutan Prasasti Geger Hanjuang. Ayeuna jadi koleksi Museum Nasional Jakarta. Anu di Pasir Hanjuang mah replikana.

Batari Hyang nulis naskah nu eusina ajaran, naskahna kakoncara ku ngaran Sanghyang Siksa Kandang Karesian. Tepi ka jaman Prabu Sri Baduga Maharaja (1482-1521 M) ieu ajaran dipake.

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x