Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

- 5 Maret 2023, 10:00 WIB
Sasak di Desa Kanekes, Kabupaten lebak, Provinsi Banten. Aya nu nyebutkeun urang Kanekes atawa urang Baduy asalna ti Pajajaran (Foto Dinas Pariwisata Provinsi Banten)
Sasak di Desa Kanekes, Kabupaten lebak, Provinsi Banten. Aya nu nyebutkeun urang Kanekes atawa urang Baduy asalna ti Pajajaran (Foto Dinas Pariwisata Provinsi Banten) /Nanang S/Galura

 

GALURA -Sejarah urang Kanekes atawa ilahar disebut urang Baduy tepi ka ayeuna tacan bisa kaungkab. Ceuk versi urang Kanekes artinyana geus cicing di dinya téh ti jaman Nabi Adam mula. Parahalu aya  nu nyebutkeun urang Kanekes asalna ti Pajajaran.

Urang Baduy atawa urang Kanekes nu nyicingan Desa Kanekes, Kecamatan Leuwidamar, Kabupatén Lebak, Propinsi Banten, geus lila pada nalungtik babakuna tina jihad antropologi jeung sosiologi. Panalungtikan tina jihad sejarah ceuk sakaol urang Kanekes teh asalna mah urang Pajajaran.

Ngeunaan sajarah urang Kanekes, urang Baduy, ti jaman Kolonial Belanda tepi ka ayeuna tacan aya sapagodos di kalangan para ahli. Pamanggih nu nyebutkeun urang Kanekes asalna ti Pajajaran teu luyu jeung kayakinan urang Kanekes.

Baca Juga: Bewara tina Pantun Bogor: Agama Raja Sunda teh Agama Sunda

Anu nyebutkeun urang Kanekes téh asalna mah urang Pajajaran kasangtukangna basa puseur dayeuh Pakuan Pajajaran digempur ku pasukan koalisi Cirebon, Banten jeung Demak, urang Pajajaran lalunta.

Di antarana Aya nu anjog ka wewengkon nu kiwari ngaranna Kanekes. Urang Pajajaran nyumput atawa nyilibkeun diri sangkan henteu terus-terusan diuudag ku Banten, Cirebon jeung Demak.

Éta sababna, cenah, urang Kanekes  téh nutup diri, teu meunang narima pangaruh ti luar, sakur nu datang ka daérahna teu weléh dicuriga. Deui-deui ceuk cenah, pangna urang Kanékés curiga ka sakur jalma  anyar téh sieuneun tentara Banten nu nyamur nu nalungtik pangeusi Kaneke

Mun bisa kabongkar saha-sahana, tanwandé, urang Kanekes bakal dicangkalak sarta dipaténi lantaran masih aya patalina jeung Pajajaran. Ku Demak mémang musuh diancurkeun tepi ka akar-akarna.

Baca Juga: Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x