Ratu Sima ti Karajaan Kalingga, sanggeus Hwi Ning Nganjang, Raket Hubunganana jeung Cina

- 7 Maret 2023, 14:00 WIB
Candi titinggal Karajaan Kalingga. Salasahiji rajana: Ratu Sima nu ngayakeun hubungan jeung Cina sanggeus Hwi Ning nganjang ka Kalingga.
Candi titinggal Karajaan Kalingga. Salasahiji rajana: Ratu Sima nu ngayakeun hubungan jeung Cina sanggeus Hwi Ning nganjang ka Kalingga. /Nanang S/Galura

GALURA -Ti taun 300 Masehi, perenahna di Desa Simo, Kabupaten Boyolali, Solo, ngadeg Karajaan Kalingga. Salasahiji rajana: Ratu Sima, wewengkon kakawasaanana ngawengku Jawa Tengah jeung Jawa Timur ayeuna, malah ngayakeun hubungan jeung Cina sabada Hwi Ning nganjang ka Kalingga.

Ratu Sima nu jadi raja di Karajaan Kalingga ti taun 674 M, kaanjangan Hwi Ning. Hwi Ning neuleuman agama Budha-Hinayana di paguron urang Keling (India) di hiji tempat daerah kakawasaan Karajan Kalingga.

Alatan Hwi Ning hubungan Karajaan Kalingga jeung Cina jadi raket. Panguasa Cina ngajangjikeun bantuan angkatan perang mun Ratu Sima nyanghareupan musuh.

Baca Juga: Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei, Beja ti Utusan Dinasti Han Ngeunaan Pulo Jawa Beulah Kulon

Salahsahiji anak Ratu Sima, Partiwi nu geus digadangkeun jadi putri mahkota, bakal ngaganti indungna jadi ratu Kalinggga, kawin ka Prabu Mandimanyak, raja ti Karajaan Galuh.

Teu kacaturkeun kumaha mimitina, taun 686 M antara karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya nu harita dirajaan ku Dapunta Hiyang Jayanasa harengheng.

Sriwijaya siap ngirimkeun angkatan perangna ka Pulo Jawa pikeun ngarurug karajaan Kalingga. Ratu Sima oge siap ngaladenan, leuwih-leuwih kaisar Cina nu ti Dinasti Tang geus ngajangjikeun bantuanana.

Perang antara dua karajaan nu kawi¬lang badag jaman harita ceuk cohagna mah tinggal der tinggal ngadagoan komando. Angkatan perang dua pihakanana geus samakta, geus siap-siap ka medan perang.

Tapi perang henteu kajadian. Raja Sunda, Tarusbawa, kalawan wijaksana ngalelemu Ratu Sima jeung Dapunta Hiyang Jayanasa. Dua pihakanana leler sarta perang antara Karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya teu kajadian.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x