Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei, Beja ti Utusan Dinasti Han Ngeunaan Pulo Jawa Beulah Kulon

- 7 Maret 2023, 12:53 WIB
Patilasan di Ciamis. Iber ngeunaan kaayaan Pulo Jawa bagian kulon ditepikeun ku urang Cina utusan raja DInasti Han.Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei.
Patilasan di Ciamis. Iber ngeunaan kaayaan Pulo Jawa bagian kulon ditepikeun ku urang Cina utusan raja DInasti Han.Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei. /Nanang S/Galura

GALURA -AYA hiji nagara, rajana Ye Tiao jeung ngaran nagarana Tiao Pien, puseur karajaanana Ko Ying, pernahna di Teluk Weh di deukeut Pu Lei. Kitu ceuk urang Cina kira-kira taun 100-200 Masehi, utusan panguasa Cina ti Dinasti Han.

Anu dimaksud Ye Tiao teh Aki Tirem atawa Aji Tirem; Tiao Pien hartina nagara Tirem; Ki Ying hartina kota perak atawa Rajata-pura; Teluk Weh maksudna Teluk Sunda; ari Pu Lei taya lian ti Pulo Merapi anu ayeuna disebut Gunung Krakatau.

Panguasa Cina ti Dinasti Han, dina ahi-ahir kakawasaanana ngirimkeun kapal-kapal perang jeung bajo (rampog di laut) ka Nusantara. Kapal perang Cina anjog ka Salaka nu dipingpin ku Aki Tirem nu ku urang Cina disebut Ye Tiao, pernahna deukeut Teluh Sunda (Teluk Weh) nu teu jauh jeung Gunung Krakatau (Pu Lei).

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Waktu ka Salaka kapal perang jeung bajo Cina dibantuan ku urang India nu ngahiji pedah ngagem agama nu loba saruana. Jadi nu ka Salaka lain urang Cina wungkul, tapi oge jeung urang India.

Aki Tirem teu cicingeun. Angkatan lautna dikeprik sina nyanghareupan kapal perang jeung bajo Cina katut India. Hasilna, kapal perang Cina jeung India, pon kitu deui ba¬jona teu mangga pulia ngalawan pasukan laut Aki Tirem.

Najan boga angkatan laut nu kuat tepi ka bisa ngaburakrakeun armada kapal perang Cina jeung India, Aki Tirem teu miharep kajadian deui peperangan.

Ku kituna, taun 130 M Aki Tirem ngirimkeun utusan dagangna ka karajaan Cina. Hasilna, wewengkon Salaka teu diganggu deui ku kapal perang jeung bajo Cina sarta hubungan dagang jeung Cina lungsur-langsar.

Baca Juga: Bewara tina Pantun Bogor: Agama Raja Sunda teh Agama Sunda

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x