Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

- 2 Maret 2023, 11:00 WIB
Anggota TNI keur ngecor saluran limbah pabrik di Citarum nu henteu dikana IPAL-keun. Baheula Citarum teh tempat nguniangna peradaban Sunda jeung ngadegna Karajaan Tarumanagara.
Anggota TNI keur ngecor saluran limbah pabrik di Citarum nu henteu dikana IPAL-keun. Baheula Citarum teh tempat nguniangna peradaban Sunda jeung ngadegna Karajaan Tarumanagara. /Cecep KS/Galura

GALURA -Tina sawatara literisasi, di Citarum mimitina nguniangna peradaban Sunda tepi ka ngawujudna karajaan. Dumasar naskah Wangsakerta, puseur Karajaan Tarumanagara, diadegkeun ku Maharesi Jayasinghawarman, aya di sisi Citarum.

Dina Buku Manusia Sunda, Budayawan Ajip Rosidi, nyebutkeun, peradaban Sunda bisa jadi geus aya jauh samemeh ngadeg Karajaan Tarumanagara. Ceuk Ajip Rosidi, mangsa Karajaan Tarumanagara ngadeg, Citarum geus jadi urat nadi peradaban.

Salasahiji karya Karajaan Tarumanagara nu monumental, anu pangkatarana: pangwangunan saluran cai ti Citarum keur tatanén. Ieu nuduhkeun kahirupan jalma alam, peradaban Sunda, harita geus maju budayana, geus maju pola pikirna.

Baca Juga: Mangpaat Citarum, Walungan Pangpanjangna di Jawa Barat nu Sungapanana di Cisanti, Baheula jeung Kiwari

Patali jeung miara cai, luluhur urang Sunda geus méré amanat “Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang diruksak, buyur teu meunang dirobah, lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung, nu lain kudu dilainkeun, nu enya kudu dienyakeun.

Dumasar data nu aya di Balai Besar Wilayah Sungai (BBWS) Citarum, Daerah Aliran Sungai (DAS) Citarum ngalaman degradasi fungsi lonservasi sumber daya air, teu mampuh nyaian lahan tatanén anu legana 26.022 hektar.

Bisa jadi alatan leuweung tutupan geus robah fungsina, pangwangunan pamukiman nu teu kaukur, jeung pola tatanén nu teu puguh Data nu aya di Dinas Lingkungan Hidup Jabar, leuweung tutupan di DAS Citarum legana 660.000 hrktar.

Kiwari, sesana kari 85.800 hektar atawa 13 %. Angka bieu bisa jadi nambahan patali jeung ayana musibah alam jeung beuki lobana alih fungsi di DAS Citarum nu panjangna 297 kilometer teh.*** Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x