Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei, Beja ti Utusan Dinasti Han Ngeunaan Pulo Jawa Beulah Kulon

- 7 Maret 2023, 12:53 WIB
Patilasan di Ciamis. Iber ngeunaan kaayaan Pulo Jawa bagian kulon ditepikeun ku urang Cina utusan raja DInasti Han.Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei.
Patilasan di Ciamis. Iber ngeunaan kaayaan Pulo Jawa bagian kulon ditepikeun ku urang Cina utusan raja DInasti Han.Ye Tiao, Teluk Weh, Pu Lei. /Nanang S/Galura

Dipingpin langsung ku Purnawarman, kapal-kapal perang Tarumanagara ngabeledig kapal pe¬rang jeung bajo Cina. Nu munggaran diberesihan teh laut di Ujungkulon.

Purnawarman saterusna ngangkat salahsahiji pamanna jadi Panglima Angkatan Laut Tarumanagara.

Tugasna teh kawilang beurat ngamankeun laut nu lain ngan ukur di lelewek Ujung Kulon, Laut Sunda, Laut Jawa wungkul, tapi oge laut nu aya di wewengkon Asia Tenggara ayeuna. Jadi, merelukeun angkatan laut nu kuat.

Panglima Angkutan Laut Tarumanagara teh kudu ngamankeun jalur dagang dunya di sapanjang laut ti mimiti Tarumanagara tepi ka Semenanjung Mendini (Malaya, Lingga, Bangka, Belitung), Syangka (Siam), Yawana (Kamboja), Campa (Anam, Vietnam), Bakulapura (Kalimantan Timur), karajaan-karajaan Sumatera, Cambay (India) jeung nagri Cina.

Baca Juga: Palabuan-Palabuanna Ngarangrangan, Karajaan Sunda Jadi Hengker

Tarekah Purnawarman aya hasilna. Taun 449 M, Kaisar Cina, Liu Sung, ngirimkeun utusan resmina sina natamu ka Karajaan Tarumanagara.

Utusan Kaisar Liu Sung teh minangka utusan munggaran ka Nusantara. Pangna nu pangheulana dituju Tarumanagara, sigana dumeh Tarumanagara mampu ngamankeun laut jalur dagang internasional.

Awal abad ka-5, hubungan dagang antara karajaan di Nusantara jeung nagri Cina katut nagara-nagara sejenna mimiti normal. Henteu diganggu ku bajo laut jeung kapal perang Cina.

Kaisar Cina nempatkeun wakil dagangna (konsulat dagang) di Sumatera, Semenanjung Malaya, Kalimantan Barat jeung Kalimantan Utara.

Najan kitu ari gangguan bajo laut Cina mah masih keneh aya, henteu leungit pisan. Taun 565 M Raja Tarumanagara, Kretawarman, ngirimkeun utusan dagang ka nagri Cina.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah