Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang

- 17 Agustus 2023, 06:38 WIB
Melati di Tapal Batas karya Ismail Marzuki jeung penyair Suto Iskandar ngageuing sangkan kaum wanoje teu milu bajuang di medan perang. Aya tugas nu leuwih penting.
Melati di Tapal Batas karya Ismail Marzuki jeung penyair Suto Iskandar ngageuing sangkan kaum wanoje teu milu bajuang di medan perang. Aya tugas nu leuwih penting. /

GALURA -Mangsa perang kamerdekaan, taun 1947, muncul lagu Melati di Tapal Batas karya Ismail Marzuki jeung penyair Suto Iskandar. Ieu lagu pamaredih Letnan Kolonel Moeffreni Moemin, Komandan Resimen V Cikampek, nu wilayah perjuanganana di Jakarta jeung sabeudeuranana.

Ismail Marzuki jeung Suto Iskansdar waktu rek ka Yogyakarta nyimpang ka markas Resimen V Cikampek. Melati di Tapal Batas kasang tukang di ciptakeuanan sanggeus Letnan Kolonel Moeffreni Moemin nepikeun kahariwangna pedah di front Jakarta Timur deukeut tapel bates jeung Bekasi rea pamudi nu milu bajuang.

Parapamudi teh lolobana siwi (anak) parapatani di Karawang jeung Bekasi sarta teu mibanda kamampuhan di pertempuran. Ceuk Letnan Kolonel Moeffreni Moemin, sakumaha ditulis dina biografiona Jakarta-Karawang-Bekasi dalam Gejolak Revolusi: Perjuangan Moeffreni Moemin, medan perang lain tempat keur wanoja.

Baca Juga: Daftar Anggota Paskibraka Nasional 2023 dina Miéling Ka-78 Poé Kamerdékaan RI di Istana Negara

Lain teu percaya, ceuk Letnan Kolonel Moeffreni Moemin teh, parawanoja mibanda tugas nu leuwih penting: ngalahirkeun generasi panerus. Mun parawanoja loba nu gugur di medan perang saha nu neruskeun perjoangan. Kitu ceuk Letnan Kolonel Moeffreni Moemin ka Ismail Marzuki jeung Suto Iskandar.

Ari rek ditaragal, cenah, tangtu parawanoja teh nolak mundur, Malum harita keur meumeujeuhna sumanget mertahankeun kamerdekaan. Nu matak maruncul laskar-laskar rayat, kaasup laskar Wanita.

Sabada ngabandungan anu ditepikeun ku Letnan Kolonel Moeffreni Moemin, salila lalampahan ka Yogyakarta, Ismail Marzuki jeung Suto Iskandar nganggi lagu saterusna dijudulan Melati di Tapal Batas.

Eusina laguna ngageuing kaum wanoja sangkan teu milu bajuang di medan perang tapi ngolah deui sawah jeung kebon. Ngagartap lahan tatanen kaasup babakti ka bangsa jeung negara.

Engkau gadis muda jelita
Bagai sekuntum melati
Engkau sumbangkan jiwa raga
Di tapal batas Bekasi
Engkau dinamakan Srikandi
Pendekar putri sejati
Engkau turut jejak pemuda
Turut mengawal negara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x