Agustusan di Lembur, Panumpang Kareta Api di Stasiun Kiaracondong Bandung Ngaronjat

- 15 Agustus 2023, 21:03 WIB
Stasiun Kiaracondong Bandung, Salasa (15/08/2023) haneuteun ku panumpang nu rek agustusan di lemburna.
Stasiun Kiaracondong Bandung, Salasa (15/08/2023) haneuteun ku panumpang nu rek agustusan di lemburna. /galura.pikiran-rakyat./Nanang S

GALURA - Tradisi agustusan di lembur masih keneh angger aya. Nu matak urang lembur nu bubuara di daerah sejen, di pakotaan mun rek agustusan teh ngahaja baralik ka sarakanana. Angkutan umum, di antarana kereta api, parinuh. Salasa peuting (15/08/2023), Stasiun Kiaracondong Bandung leuwih haneuteun, rea panumpang nu marulang ka wetan.

"Bade agustusan di lembur," ceuk saurang wanoja, urang Tasik nu naek Kutojaya Selatan di Kiaracondong Bandung. Inyana geus digawe, ngahaja menta cuti ka dununganana. Ku dununganana diidinan. Cutina teh tepi ka poe Jumaah. Senen kudu asup digawe deui.

Kareta api Kutojaya Selatan nu miangna ti Stasiun Kiaracondong Bandung jam 20:50 WIB unggal gerbongna kaeusian. Biasana mah ari lain ahir minggu panumpangna corengcang tepi ka panumpang bisa gogoleran dina jok.

Baca Juga: Jaroh Kudu Make Sarung atawa Samping bari Ulah Make Pakean Jero, Diguar dina Galura Cetak III Agustus 2023

Lain ukur panumpang kareta api nu ngaronjat ari rek agustusan teh, tapi oge beus, elf, jeung travel. Teu saeutik deuih nu marudikna make motor atawa mobil pribadi.

Anu ngajurung marudik ka lemburna, lantaran agustusan di lembur beda karasana. Kamonesanana orisinil, warga kabeh ubyag ngareuah-reuah agustusan. Milu arak-arakan jeung milu upacara bendera bari pakeanana rupa-rupa, henteu seragam.

"Justru eta nu ngalantarankeun agustusan di lembur karasana leuwih gas," ceuk Agus urang Desa Sukamantri, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis, nu geus lila ngumbara di Bogor, sarta ari agustusan sok ngahaja mulang ka lemburna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah