HUT ka 62  Pramuka, Kwarcab Majalengka Ngembarkeun Program Rutilahu

- 15 Agustus 2023, 09:30 WIB
Ketua Kwarcab Majalengka Drs. H. Eman Suherman, MM, program bantuan Rutilahu.
Ketua Kwarcab Majalengka Drs. H. Eman Suherman, MM, program bantuan Rutilahu. /Galura/Ayank R Sambara

 


GALURA -Dina mieling HUT ka 62 Pramuka, Kwarcab Majalengka ngembarkeun Program Bantuan Rutilahu (Rumah Tidak Layak Huni) keur kolot anggota Pramuka aktif nu dipandang imahna geus teu pantes dicicingan.

Bantuan Rutilahu teh salasahiji program Kwarcab Majalengka pikeun kolot siswa anggota Pramuka. Kitu ditepikeun ku Ketua Kwarcab Majalengka Drs. H. Eman Suherman, MM., nalika ngaresmikeun Buper di Banjaran, Senen (14/08/2023).

H. Eman netelakeun mekanisme masrahkeun bantuan Rutilahu dumasar seleksi ti satiap kwaran di tingkat kecamatan. "Aya sababaraha unit di lingkungan kwaran kecamatan nu kalebet peryogi bantosan Rutilahu,” pokna.

Baca Juga: Satlantas Polres Majalengka jeung Ditlantas Polda Jabar Nyosialisasikeun Dikmas Lantas di Bunderan Baribis

Engke diseleksi jeungg dievaluasi ku kwartir ranting mana nu layak mana nu prioritas. Margi tahap ngawitan bakal gotong royong kangge hiji rutilahu heula ti masing - masing kwaran, " ceuk Eman.

Kwarcab Majalengka mibanda program kerja unggulan tahun 2023 bantuan Rutilahu, ceuk H. Eman nu oge Sekda Majalengka tangtunaa kasang tukangna.

Kahiji angka rumah teu layak huni di Kabupaten Majalengka taun 2023 masih rea di luhuren 12 rebu. Kadua, Pramuka mibanda jiwa sosial jeung nguatamakeun kamanusian.

Masrahkeun bantuan ka anggota pramuka.
Masrahkeun bantuan ka anggota pramuka.

"Nalika dihiap kangge gotong royong, giak pisan ngempelkeun donasi,” pokna. Di antarana waktu lini di Cianjur, Kwarcab Majalengka ngumpulkeun donasi nepi ka Rp150 juta.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah