Apel Siaga Pikeun Nembongkeun Kasiapan Pangawasan Pemilu

- 13 Agustus 2023, 10:54 WIB
Sekda Kabupaten Kuningan, H. Dian Rachmat Yanuar, nepikeun amanat Dina acara Apel Siaga Pengawasan Pemilu
Sekda Kabupaten Kuningan, H. Dian Rachmat Yanuar, nepikeun amanat Dina acara Apel Siaga Pengawasan Pemilu /Ajun Mahrudin/

GALURA-Badan Pengawas Pemilu (Bawaslu) Kabupaten Kuningan, ngayakeun Apel Siaga Pengawasan Pemilu 2024, di Pakarangan Terminal Tipe A Kertawangunan, Desa Kertawangunan, Kecamatan Sindangagung, Ahad, 13 Agustus 2023.

Sajaba Apel Siaga Pengawasan, Pemilu, oge Bawaslu Kabupaten Kuningan ngayakeun gerak jalan sehat, donor darah, lomba tumpeng jeung sajabana, dina raraga mapag milangkala ka-78 Proklamasi Kemerdekaan Republik Indonesia jeung milangkala ka-5 Bawaslu.

Ketua Bawaslu Kabupaten Kuningan, Abdul Jalil Hermawan, nyebutkeun Bawaslu nyebutkeun, gelar siaga pikeun nuduhkeun kadiapsiagaan panwaslu, bawaslu dina ngalakonan proses tahapan pemilu di Kabupaten Kuningan.

Baca Juga: Diluluguan ku Jabar Bergerak Zillenial, Murid SDN Cipasung Diajar Melak Kopi

"gelar siaga ieu, sanes semet ririungan, tapi oge yel-yel siap sing janten simbul dina kasiapan ngalakonan proses pengawasan tahapan pemilu," ceuk Abdul Jalil.

Sajeroning kitu, Sekretaris Daerah Kabupaten Kuningan (Sekda) Kabupaten Kuningan, Dian Rachmat Yanuar, anu ngaluuhan eta acara, ngawakilan Bupati Acep Purnama, ngabageakeun acara anu diayakeun ku Bawaslu Kabupaten Kuningan.

"Mugia ieu acara sing janten pamecut kanggo ngaronjatkeun pangawasan tahapan pemilu, ngawal proses demokrasi anu jujur, adil sareng bermartabat " ceuk Dian.***

 

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x