Diluluguan ku Jabar Bergerak Zillenial, Murid SDN Cipasung Diajar Melak Kopi

- 10 Agustus 2023, 17:25 WIB
Sababaraha urang murid SDN Cipasung, di Desa Cipasung, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, diajar melak bibit tangkal kopi.*
Sababaraha urang murid SDN Cipasung, di Desa Cipasung, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, diajar melak bibit tangkal kopi.* /Ajun Mahrudin/


GALURA-Murid kelas 4 nepika 6 SDN Cipasung, Desa Cipasung, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, diajar melak bibit kopi, di lahan milik warga anu legana kurang leuwih 280 meter pasagi.


Eta murid-murid SDN Cipasung nu milu diajar melak kopi teh reana 161 urang, ngawengku kelompok 15 kelompok. Hiji kelompok melak satangkal bibit tangkal kopi liberika jeung arabika.


Anu ngaluluguan melak bibit kopi teh Jabar Bergerak Zillenial Kabupaten Kuningan. Jabar Bergerak Zillenial teh mangrupakeun organisasi luar pemerintah, wadah rumaja di Jawa Barat anu aub dina sababaraha aksi kamanusaan jeung atikan.

Pupuhu Bidang Kemanusiaan Jabar Bergerak Zillenial Kabupaten Kuningan, Fadhil Arrijal, nyebutkeun pihakna ngarojong murid SDN Cipasung melak kopi, aya patalina reujeung atikan miara lingkungan sabudeureun.  Nya salah sahiji anu dilakonan nepakeun atikan sual pepelakan.

“Harepan mah murid-murid sajaba mikawanoh tutuwuhan teh, oge aya pangaweruh kumaha carana melak bibit kopi,’ ceuk Fadhil.***

.
.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x