Kapolres Majalengka Ngaluuhan Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur di Plaza Gedong Sate, Bandung

- 14 Agustus 2023, 15:35 WIB
SALASAHIJI kasenian nu minton dina Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur” nu digelar ku Polda Jabar jeung Coklat Kita di Plaza Gedong Sate, Jalan Diponegoro, Bandung, Saptu (12/08/2023).
SALASAHIJI kasenian nu minton dina Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur” nu digelar ku Polda Jabar jeung Coklat Kita di Plaza Gedong Sate, Jalan Diponegoro, Bandung, Saptu (12/08/2023). /Galura/Ayank R Sambara

GALURA - Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si, ngaluuhan pangogan acara Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur nu digelar ku Polda Jabar jeung Coklat Kita di Plaza Gedong Sate, Jalan Diponegoro, Bandung, Saptu (12/08/2023).

Polda Jabar nu kolaborasi jeung Coklat Kita ngagelar Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur di Plaza Gedong Sate Bandung teh salasahiji runtuyan ngareuah-reuah HUT ka 78 Republik Indonesia ka-78 sarta deklarasi Pemilu Damai dina rarga mapag Indonesia maju.

Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur hasil kolaborasi Polda Jabar jeung Coklat Kita nu tempatna di Plaza Gedong Sate Bandung teh mintonkeun kasenian sababaraha sanggar, paguron, jeung lingkungan seni di Jawa Barat. Diantarana Tari Topeng Genteng-Sunda Rancage ti Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Pangajen ti Kementrian Koperasi dan Usaha Kecil Menengah keur Bupati Majalengka

Ieu acara diluuhan ku Gubernur Jawa Barat Ridwan Kamil, Kapolda Jabar, Irjen. Pol. Akhmad Wiyagus, Wakapolda Jabar Brigjen. Pol. Bariza Sulfi sarta sakumna pejabat utama ti Polda Jabar katut instansi lianna.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., nyebutkeun Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur teh bukti sakumna penegak hukum, mibanda peran dina ngarojong ragemna budaya jeung seni di Jawa Barat.

Dina eta acara lain ngan saukur mintonkeun seni tradisional, tapi oge kasenian modern. Seniman kahot Doel Sumbang, Sandrina Mazaya, Budi Setiawan Gardapandawa, Ega Robot Ethnic Percussion, sarta Iman Jimbot, oge minton.

“Napak Jagat Pasundan Bhayangkara Ngajaga Lembur dipiharep janten momentum nu leuwih ngaraketkeun masarakat," ceuk AKBP Indra Novinto.

Baca Juga: Milangkala Kabupaten Majalengka Kuduna mah Bulan Februari, Fakta Sajarahna Kuat

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah