Milangkala Kabupaten Majalengka Kuduna mah Bulan Februari, Fakta Sajarahna Kuat

- 12 Agustus 2023, 11:39 WIB
Rapat Paripurna DPRD Majalengka, tacan aya niat ngarobah milangkala Kabupaten Majalengka.*
Rapat Paripurna DPRD Majalengka, tacan aya niat ngarobah milangkala Kabupaten Majalengka.* /Ayank/Galura


GALURA -Umur Kabupaten Majalengka nu taun ayeuna, taun 2023: 533 taun. Ceuk sakaol Kabupaten Majalengka diadegkeun tanggal 7 Juni 1490 Masehi. Ieu titimangsa geus di-perda-an. Tapi beh deu, pada ngagugat lantaran teu kuat fakta sajarahna, malah kaungkab, Kabupaten Majalengka diadegkeun Februari 1840.

Staatblad atawa catetan Belanda nu netelakeun Kabupaten Majalengka lahir bulan Febuari 1840 teh. Puguh bukti tinulisna jeung dasar hukumna. Anu ngungkabna sajarawan nu ngagabung dina komunitas Grup Majalengka Baheula (Grumala) nu diadegeun taun 2014.

Ceuk Staatblad bieu, dina Februari 1840 dijenengkeun atawa diistrenana bupati munggaran Kabupaten Majalengka. Gedong Pendopo oge diadegeun taun 1850. Rajegna gedong-gedong nu diadegeun ku Belanda eta ciri Kabupaten Majalengka masih ngora.

Baca Juga: Majalengka Nganggarkeun deui Dana Hibah Daerah, Taun Ayeuna Lembaga Kegamaan jeung Pasantren Meunang 4 Milyar

Ketua Grumala, Nana Rohmana nu leuwih dipiwanoh ku julukanana: Naro, nyebutkeun, dina Staatbland Belanda, kakoreh tanggal 11 Pebuari 1840, sanggeus Kabupaten Maja dipindahkeun ka Sindangkasih, ngaran kabupatenna diganti jadi Kabupaten Majalengka. Harita Dendanagara diistrenan jadi bupati munggaran Kabupaten Majalengka.

“Dietang ti taun 1840, ti Februari 1840, umur Kabupaten Majalengka téh kakara 180 taun, “ ceuk Naro. Makam Dendanagara oge kapanggih laratanana, di Desa Gunungwangi, Kacamatan Argapura. Loba nu jaroh ka dinya, boh kulawargana, boh masarakat Majalengka, jeung ku masarakat ti luar Kabupaten Majalengka, babakuna unggal tanggal 11 Pebuari,

Naro ngabageakeun pisan mun pamarentah Kabupaten Majalengka ngajak ngariung budayawan jeung sajarawan matotoskeun milangkala Kabupaten Majalengka. Dipiharep sajarah jeung ngaran Majalengka leuwih diilo deui, sarta ditalungtik sajarahna nu leuwih kuat fakta sajarahna.

Kituna teh sangkan masarakat Majalengka leuwih wanoh ka sajarah, sajarah nu bener nu puguh titincakaanna atawa nu fakta kuat dirojong ku sumber sejarah primer, lain dumasar legenda atawa dongeng, lain ngan saukur carita atawa dongeng ti kolot baheula. “Dina peta Belanda taun 1700-an nu aya di musieum Walanda, ngaran Majalengka tacan kapanggih,” ceuk Naro.

Baca Juga: Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka, Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Ngarojong Anies

Kudu dirobahna milangkala Kabupaten Majalengka, dienyakeun ku tokoh masarakat Majalengka, budayawan jeung wartawan senior, Rahmat Iskandar nu dina tulisnana mindeng make sandiasma Rais Purwacarita. ”Kabupaten Majalengka diadegeun ku Walanda taun 1840. Ieu fakta sajarah, dumasar sumber sejarah primer, sarta masih keneh aya bisluitna,” ceuk Rahmat Iskandar.*** Ayank R. Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah