Lomba Menembak Kapolres Majalengka Cup Ngagumebyarkeun Milangkala ka 77 Bhayangkara Taun 2023

- 22 Juni 2023, 09:57 WIB
Ngareuah-reuah Milangkala ka 77 Bhayangkara,  1 Juli 2023, Polres Majalengka bareng jeung insan pers ngagelar lomba menembak Kapolres Majalengka Cup di Lapangan Tembak Polres Majalengka, Salasa (20/6/23).
Ngareuah-reuah Milangkala ka 77 Bhayangkara, 1 Juli 2023, Polres Majalengka bareng jeung insan pers ngagelar lomba menembak Kapolres Majalengka Cup di Lapangan Tembak Polres Majalengka, Salasa (20/6/23). /Ayank/Galura/

GALURA - Mapag Milangkala ka 77 Bhayangkara, 1 Juli 2023, Polres Majalengka bareng jeung insan pers ngagelar Lomba Menembak Kapolres Majalengka Cup. Lumangsung di Lapangan Tembak Polres Majalengka, Salasa (20/6/23).

Kagiatan Lomba Menembak Kapolres Majalengka Cup dina raraga Milangkala ka 77 Bhayangkara dibuka sacara resmi ku Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K. Di acara bubuka, Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., miharep ieu kagiatanm leuwih ngaraketkeun hubungan antara pulisi jeung media.

“Media teh mitra pulisi dina nyebarkeun informasi ka masarakat,” ceuk Kapolres Majalengka. Pamilon Lomba Menembak Kapolres Majalengka Cup enggoning ngareuah-reuah Milangkala ka 77 Bhayangkara: anggota Polres Majalengka jeung wartawan ti sababaraha media nu aya dina auban Pokja Polres Majalengka.

Baca Juga: Raja Sunda Tarusbawa Ngarerepeh Patelakna Karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya

Kapolres Majalengka miharep ieu kagiatan ngakontribusi positif keur masarakat Majalengka. Lian ti eta, “Dipiharep masarakat langkung percanten tur ngaraos caket sareng pulisi. Kabeungkeut ku rukun gawe dina ngajaga kaamanan sareng katartiban di wilayah Majalengka,” pokna.

Lommba Menembak Kapolres Majalengka Cup, diluuhan Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana, Ketua Kamar Dagang dan Industri (Kadin) Kabupaten Majalengka, Dena Muhamad Ramdhan, Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K, sarta pajabat utama jeung sakumna pamilon.

Wakil Bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana, ngaapresiasi lengkah Polres Majalengka dina ngagelar lomba menembak. Bukti kolaborasi nu positif antara kapulisian jeung masarakat dina nyiptakeun lingkungan nu aman tur tartib.

"Lomba Menembak Kapolres Majalengka Cup sakumna pamilon katingal sumnget, tur nembongkeun kaparigelanana," ceuk Wapub Tarsono. Inyana miharep ku ayana lomba menembak duduluran tur profesionalisme di antara anggota kapulisian sareng masarakat langkung ngaronjat.

Baca Juga: Galura Cetak Edisi IV Juni 2023, Nagarajaya, Silib, Siloka, Palsapah ti Kecamatan Panawangan Kabupaten Ciamis

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah