Dinas Pedidikan Kabupaten Majalengka Ngaapresiasi Pagelaran Budaya2023 Mahasiswa STKIP Yasika

- 16 Juni 2023, 06:00 WIB
Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Sukiman, S.Sos., muka acara Pagelaran Budaya 2023 STKIP Yasika Majalengka, Senen sore (12/06/2023).*
Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Sukiman, S.Sos., muka acara Pagelaran Budaya 2023 STKIP Yasika Majalengka, Senen sore (12/06/2023).* /Ayank/Galura


GALURA - Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Sukiman, S.Sos., dibarengan ku Ketua STKIP Yasika Majalengka, Camat jeung Kapolsek Kasokandel sarta Danramil Dawuan muka acara Pagelaran Budaya 2023 STKIP Yasika Majalengka, Senen sore (12/06/2023).

Pagelaran Budaya 2023 Mahasiswa STKIP Yasika Majalengka Program Studi Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia (PBSI) nu dibuka ku Sekretaris Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka teh salasahiji tarekah ngahirupkeun deui budaya masarakat nu geus lila tilem tur kapohokeun.

Pagelaran Budaya 2023 gawe bareng jeung Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka sarta Komite Olahraga Rekreasi Masyarakat Indonesia (KORMI) Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Sri Mega, Makalangan dina Single Dangdut Rock Aha Ihi Karya Endang Kurnia

Ieu kagiatan lumangsung di lapangan bola Desa Kasokandel, Kecamatan Kasokandel, Kabupaten Majalengka ti tanggal 12 tepi ka 27 Juni 2023.

Dibukana Pagelaran Budaya 2023 Senen sore tanggal 12 Juni 2023 ku Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka, Dr Hj Lilis Yuliasih, MSi., diwakilan ku Sekretaris Dinas Pendidikan, Sukiman, S.Sos.

Dibarengan ku Camat Kasokandel, Dadang Rukmana, STP, M.Si, Ketua STKIP Yasika Majalengka, Arip Amin, M.Pd, Kapolsek Kasokandel, Iptu Wahid Rodise, Danramil Dawuan, Kapt.Inf.Wawan Winggara, Kepala Desa Kasokandel, Kusno katut Penanggungajawab Pagelaran Budaya 2023 STKIP Yasika Majalengka, Taiman, M.Pd.

Dina sambutanana, penanggungjawab acara nyebutkeun, pagelaran budaya lumangsung ti tanggal 12 nepi 27 Juni 2023. Tempatna di lapangan bola Desa Kasokandel, Kecamatan Kasokandel, Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Ku Program Impresif, Lulusan SMK Pasundan Cikalongkulon Cianjur Digawe di 15 Pausahaan

"Pagelaran budaya 2023 teh salah sawios kagiatan dina praktek Mata Kuliah Manajemen Pagelaran dan Pagelaran Sastra. Ngalangkungan ieu kagiatan sakumna mahasiswa dipiharep tiasa janten cukang lantaran hirupna deui sababaraha budaya masarakat nu tos lami tilem tur kahilapkeun. Malahmandar tiasa dipikwanoh ku generasi entragan ngora kiwari," ceuk Taiman, M.Pd, kandidat doktor UPI.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah