Lulusan SMK Pertiwi Kuningan Rea Nu Sukses

- 29 Mei 2023, 16:21 WIB
Kepala SMK Pertiwi Kuningan, Dea A Vamitrianto, ngajurunglaku siswa lulusan angkatan 44 taun 2023, Senen, (29/5/203).*
Kepala SMK Pertiwi Kuningan, Dea A Vamitrianto, ngajurunglaku siswa lulusan angkatan 44 taun 2023, Senen, (29/5/203).* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Kepala Sekolah Menengah Kejuruan (SMK) Pertiwi Kuningan, Dea A Vamitrianto, ngajurunglaku 1800 siswa lulusan angkatan 44  taun 2023, di lapang sabudeureun Kampus SMK Pertiwi, Jalan Siliwangi (Kasturi-Cirendang), Kecamatan Kuningan, Senen, (29/5/2023).

Inyana miharep, lulusan SMK Pertiwi bisa ngajaga almamater sakola, nagajaga ngaran hade kulawarga boh di lingkungan tempat gawe boh di lingkungan masarakat umum.


Salila tilu taun nyuprih elmu luyu reujeung program kaahlian sewang-seewangan, ceuk Dea, ti semet ayeuna kudu bisa nangtukeun mangsa pikaharepueun. Boh anu rek digawe di pausahaan, kuliah, boh wirausaha.


Keur anu rek digawe, ceuk Dea, luusan SMK bisa ngaliwatan Job Fair di SMK Pertiwi, nu baris diayakeun dina waktu nu mola lila deui. Eta  sangkan nyaho kumaha carana ngalamar gawe sorangan.


Ceuk Dea, keur di Kabupaten Kuningan, SMK Pertiwi Kuningan hiji-hijina sakola anu nyalurkeun gawe langsung. Samalah, keur di Jawa Barat hiji=hijina sakola anu ngajarkeun cara ngalamar gawe.

Dea ngadoaken pikeun nu rek digawe pamuga meunang tempat gawe anu hade. Pon kitu anu rek kuliah, kuliahna hade , lulus jadi sarjana anu bisa ngabangun nagri. Wirausaha luwih hade , ku sabab muka lapangan gawe pikeun anu sejen.


"Lulusan SMK Pertiwi rea anu sukses , aya anu jadi anggata TNI, Polri, manajer pausahaan. Eta kedah diconto, janten kareueus” ceuk Dea.


Hal anu sarua dikedalkeun ku Ketua Yayasan Abdi Pertiwi, Asep Kadilah, anu nyebutkeun lulusan SMK Pertiwi mimiti naratas kahirupan anyar.

"Eta tangtu rea godaan, cobaan. Kusabab kitu, kudu tetep bajoang, diajar,tetep santun tampa mopohokeun jasa gu" ceuk Asep.****

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x