Conto Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

- 14 Mei 2023, 06:50 WIB
Kasenian dogdog, dina dialogna mindeng diselapan peribahasa Sunda.
Kasenian dogdog, dina dialogna mindeng diselapan peribahasa Sunda. /Nanang S/Galura

GALURA -Dina Kamus Umum Basa Sunda meunang nyusun Lembaga Basa jeung Sasta Sunda (Taraté, Bandung, 1995), Peribahasa Sunda hartina basa pakeman, kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun.

Peribahasa Sunda téh hasil kabinangkitan masarakat dina ngagunakeun basa; ngandung eusi, silib, siloka, jeung sasmita. Peribahasa Sunda lain ngan ukur runtutan kecap jeung lain kalimah biasa. Peribahasa Sunda kagolongkeunana sastra.

1.Goong nabeuh manéh: ngabéja-béjakeun kaunggulan atawa kaleuwihan sorangan; Najan urang pinter ulah goong nabeuh manéh, kalem waé da masing teu dibéja-béjakeun ogé batur pasti nyarahoeun.

Goong, salahsahiji waditra dina gamelan, bentukna buled jeung badag, dijieunana tina tambaga, neundeunna digantungkeun.
Manéh, 1, kecap ganti jalma kadua, 2.diri pribadi, sorangan.
Nabeuh, nyadakeun alat musik bari maké alat ku cara ditakol atawa ukur ku leungeun, upamana kendang, goong, bonang, drum, jeung sajabana.

2.Halodo sataun lantis ku hujan sapoé: kahadéan nu geus dipilampah mangtaun-taun, leungit ku kasalahan sakali; Karunya ka manéhna téh, mangtuan-taun gawéna kapaké waé, pédah bulan kamari kanyahoan maké duit kantor bari teu bébéja, diturunkeun pangkatna, halodo sataun lantis ku hujan sapoé.

Lantis, rata atawa walatra keuna ku barang nu éncér, biasana dilarapkeun ka nu tadina garing jadi baraseuh pédah kacaian.
Halodo, katiga, salasahiji usum dina daérah tropis, mangsa saméméh atawa sanggeus usum hujan.

3.Hérang caina beunang laukna: ngungkulan hiji pasualan kalayan bérés roés bari teu ngabalukarkeun kariweuhan; Kuduna mah ngungkulan téroris téh hérang caina beunang laukna, teu ngariweuhkeun jeung teu ngalantarankeun masarakat tagiwur.

Hérang, teu kiruh (cai), teu kotor (barang).
Beunang, meunang, 1. bisa, 2.kaala 3. katéwak.

4.Hérang mata tiis ceuli: jongjon, tingtrim, ngahunang-ngahening, teu dibangbaluhan ku masalah; Geus teu indekos di ditu mah hérang mata tiis ceuli, atuda nu boga kontrakan téh sapoé-poéana téh paséa waé jeung pamajikanana.

Ceuli, salasahiji tina panca indra, pikeun ngadéngé.
Mata, basa lemes: panon, salahsahiji tina panca indra pikeun ningali.
Tiis, teu panas (cai, hawa).

5.Hirup dinuhun paéh dirampés: pasrah, hirup atawa dipanjangkeun umur ditarima, atuh geus nepi ka waktuna maot moal diembung-embung; Aki mah hirup dinuhun paéh dirampés da sakieu geus kakolotanana.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x