Revitalisasi Harti Peribahasa Sunda, jeung Conto Ngagunakeunana dina Kalimat

- 17 Maret 2023, 09:00 WIB
Sasajen dina Tarawangsa di Rancakalong Sumedang. Dina sastra Sunda oge dipiwanoh peribahasa Sunda nu mindeng diucapkeun dina ritual adat.
Sasajen dina Tarawangsa di Rancakalong Sumedang. Dina sastra Sunda oge dipiwanoh peribahasa Sunda nu mindeng diucapkeun dina ritual adat. /Nanang S/Galura

GALURA -Peribahasa Sunda, harti jeung conto ngagunakeunana dina kalimat. Di dieu harti peribahasa Sunda diluyukeun jeung pajamanan. Aya peribahasa Sunda titinggal zaman feodal nu matak ngareunteutkeun patekadan somahan (rakyat biasa) sangkan teu bisa nyaruaan golongan menak (bangsawan) boh dina pangkat boh dina kadunyaan atawa harta. Tina kituna perlu aya revitalisasi harti peribahasa Sunda.

1. Adam lali tapel: poho ka baraya, poho ka dulur: Najan sibuk gé longokan adi téh, ulah adam lali tapel.
Adam, manusa munggaran di dunya.
Lali (basa lemes), poho, teu inget.
Tapel, Napel, rapet kana barang séjén.
Tapel adam, 1. bibit buit, tempat kalahiran, 2. papastén.

2. Adat kakurung ku iga: kabiasaan goréng anu hésé dileungitkeunanana: Dasar adat kakurung ku iga, geus dibéjaan ari rék dahar téh kudu ngumbah leungeun heula, ih, da teu nurut.
Adat, kabiasaan, lumrah, pamaké.
Iga, tulang iga, tulang nu melengkung antara tonggong jeung tulang dada.
Kurung, kakurung, aya dijero tepi ka hésé rék kaluarna.

3.Adéan ku kuda beureum: ginding ku pakéan atawa barang meunang nginjeum; Baju nu lanceuk, nya? Manéh mah adéan ku kuda beureum.
Adéan, 1. ceta (tingkah) kuda nu meunang ngahaja dilatih 2. tumpak kuda sarta kudana disina loba tingkah.

4.Agul ku payung butut: dilarapkeun ka jalma nu teu boga atawa hirup sarwa kakurangan, tapi mindeng nyaritakeun dirina turunan ménak atawa turunan nu beunghar; Si éta mah agul ku payung butut, mindeng nyaritakeun kabeungharan uyutna tapi dirina hirup ripuh.
Agul, reueus bari jeung sombong
Butut, geus ruksak alatan mindeng dipaké atawa digunakeun.

5.Alak-alak cumampaka: hayang nurutan atawa hayang nyaruaan ka nu sagalana saluhureun, bisa ogé dilarapkeun keur nonoman ti kulawarga biasa-biasa tapi mikahayang wanoja nu lain babad lain tanding, boh kulawarga wanojana, boh wanojana sorangan; Alak-alak cumampaka manéh mah, ukur lulusan SD bari gawé teu puguh maké hayang boga pamajikan ka dokter.
Alak, alak paul, tempat atawa kaayaan nu dina bayangan urang jauh pisan sarta mun dijugjug moal bisa nepi ka dinya.
Alak-alak, ngaran tutuwuhan nu méh sarua jeung campaka, ngan kembangna teu seungit.
Campaka, ngaran tutuwuhan nu kembangna seungit.
Cumampaka, hayang nyaruan atawa kawas campaka (kecap campaka maké rarangkén tengah um).

6.Anjing ngagogogan kalong: dumasar kanyataan waktu ngedalkeunana, mikahayang ka nu pamohalan kahontal atawa kalaksanakeun; Manéh mah bet kawas anjing ngagogogan kalong maké hayang meuli mobil, gawé gé can boga.
Kalong, sato nu bisa hiber nu néangan kahakanana, sabangsaning bungbuhan, ti peuting. Ari ti beurang ngagarantung di dahan tangkal kai nu luhur.

7.Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan: ngahaminan, nanggap, ngaréspon omongan jalma nu gedé bohong atawa jalma nu ukur harus diomongan tapi euweuh kanyahon jeung taya prestasina sangkan leuwih maceuh; Manéh mah sarua jeung anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan, pan nyaho si éta mah ukur gede omong!
Angklung, ngaran waditra tina awi.
Burung, kaganggu ingetan ngan teu pati maceuh.
Dogdog, ngaran waditra nu siga bedug ngan ukuranana leutik sok dipaké dina kesenian réog.
Édan, kaganggu ingetan bari jeung maceuh, gogorowokan jeung sakapeung matak cilaka nu séjén.
Gélo, kagangu ingetan bari rada maceuh.
Kendang, ngaran waditra dina gamelan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x