Harti Peribahasa Sunda, jeung Ngalarapkeunana dina Kalimah

- 7 Mei 2023, 09:30 WIB
Peuting di hareupeun Stasion Purwakarta. Purwakarta kandell kasundaananana. Peribahasa Sunda masih keneh mindeng dipake.
Peuting di hareupeun Stasion Purwakarta. Purwakarta kandell kasundaananana. Peribahasa Sunda masih keneh mindeng dipake. /Nanang S/Galura

GALURA -Dina sastra Sunda oge dipiwanoh peribahasa, peribahasa Sunda: kalimah nu ngandung harti, ngandung tuntunan, papagah, amanat, papatah jeung ngandung filosofi. Di handap ieu sapuluh peribahasa Sunda, hartina jeung conto ngalarapkeunana dina kalimah. Dijentrekeun deuih harti kecapna.

1.Dibéré sajeungkal hayang sasiku: tara sugema ku nu katarimana, hayang meunang leuwih waé; Geus dibéré saratus rébu naha maké ménta deui, geus leuwih ti cukup sakitu keur bekel saminggu, manéh mah dibéré sajeungkal hayang sasiku.
Jeungkal, ukuran panjang dumasar panjangna antara tungtung curuk jeung tungtung indung leungeun nu dipentangkeun; Sajeungkal, ukuran panjang kurang leuwih 20 sénti méter.
Siku, bagéan leungeun ti lebah sambungan handapeun peupeuteuyan; Sasiku, ukuran panjang ti lebah siku tepi ka tungtung curuk.

2.Deukeut-deukeut anak taleus: najan geus lila jadi tatangga atawa batur sakantor, teu nyahoeun tatangga atawa batur sakantorna baraya atawa dulur; Deukeut-deukeut anak taleus jeung manéhna téh, sugan téh lain baraya, padahal geus lila wanoh.
Deukeut, basa lemes caket, teu jauh, bisa tepi dina waktu anu singget.

3.Deukeut deuleu pondok léngkah: henteu boga pikir nu lega ambahana, henteu optimistis atawa henteu gedé harepan, teu ludeung ngawujudkeun kahayang jeung cita-citana; Ari hayang suksés mah ulah deukeut deuleu pondok léngkah, tapi kudu optimistis.
Deuleu, basa cohag.1. tempo, ténjo, 2. kecap anteuran pikeun nandakeun héranb atawa teu panuju.
Léngkah, gerakan suku boh nu katuhu bohg nu kénca ka harep, ka tukang, atawa ka gigir.
Pondok, kecap sipat nu nuduhkeun ukuranana teu panjang.

4.Ditiung geus hujan: sanggeus kacilakaan atawa karasa balukarna karék ati-ati atawa waspada; Nu matak ari tumpak sapéda di jalan téh kudu ati-ati, ulah ditiung geus hujan, karasa pan ayeuna balukar kadupak mobil.
Ditiung, nutupan sirah ku barang anu sakira teu tembus cai hujan.

5.Ditiung méméh hujan: ati-ati, waspada sangkan teu meunang balai atawa cilaka; Kadé, ari rék naék gunung téh kudu ditiung méméh hujan, ambéh teu cilaka atawa nyasab.
Méméh, saacan.

6.Élmu ajug: ukur bisa mapatahan ka batur, ari ku dirina sorangan teu dilaksanakeun; Élmu ajug manéh mah, ka batur nitah ngapalkeun, ari manéh sorangan unggal poé kalah ka maén PS.
Ajug, damar nu tihangna jangkung tepi ka handapeunana mah, kaasup tihangna, teu kacaangan.
Élmu (basa Arab), kanyaho, pangaweruh, pangabisa tina rupa-rupa hal boh lahir boh batin, cecekelan atawa ageman.

7.Élmu angklung: jolédar, nukang nonggong ka kolot; Cik atuh ulah ngélmu angklung, sataun sakali mah ari Lebaran, nganjang ka indung bapa.
Angklung, ngaran waditra musik nu djieun tina awi, ditabeuhna dioyag-oyagkeun ku leungeun.

8.Endog mapatahan hayam: ngabéjaan atawa méré nyaho ka nu geus ahlina; Tong medar perkara hukum ka manéhna, sarua jeung endog mapatahan hayam, apan manéhna téh sarjana hukum.
Endog, barang nu ngandung pianakeun nu dibijilkeun ku sato nu teu nyusuan, upamana hayam, manuk, oray, lauk, buhaya, jeung insekta (serangga).
Hayam, salasahiji jenis unggas.
Papatah, mapatahan, ngajarkeun atawa mapagahan, méré naséhat

9.Entong sok ridu ku tanduk: kaparigelan, élmu pangaweruh, pangabisa, teu hésé dibawana, malah gedé pisan mangpaatna; Diajar téh sing suhud, entong sok ridu ku tanduk, pangarti mah gedé mangpaatna.
Entong, ulah, teu meunang.
Ridu, mawa barang loba tepi ka hésé mawana.
Tanduk, bagéan tina hulu sasatoan nu mecenghul dua siki, teuas, sok dipaké ngalawan musuhna, upamana tanduk munding, tanduk uncal jeung sajabana.

10.Genténg-genténg ulah potong: 1. batan teu bebeunangan pisan teu nanaon hasilna saeutik ogé, 2. sanajan kungsi paséa rongkah jeung dulur ulah tepi ka embung hadé deui, ulah tepi ka pegat silaturahmi; Keun waé dagang meunang bati saeutik ogé, tinimbang ngajual jinisna, genténg-genténg ulah potong.
Genténg, 1. heureut (antara dua bagéan nu rubak), 2. rék potong pédah aya bagéan nu ngaleutikan biasana dina barang nu panjang.
Potong, pingges, pites, jadi dua bagéan atawa leuwih, biasana barang nu panjang.

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x