Harti Peribahasa Sunda jeung Conto Ngalarapkeunana dina Kalimat, diwuwuhan jku Harti Kecap

- 2 April 2023, 13:26 WIB
Kasenian tradisional Sintren ti Majalengka Jawa Barat.
Kasenian tradisional Sintren ti Majalengka Jawa Barat. /Nanang/Galura

1.Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang: ngan bisa maréntah atawa nitah wungkul henteu prak digawé ku sorangan alatan kedul atawa teu bisaeun; Jadi KM téh ulah bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miawarang.
Balas, ku lantaran, mindeng.
Bentik, centik, rada melengkung tapi dianggap alus, dilarapkeun kana ramo jeung bulu mata.
Capétang, pinter jeung lancar ngomong.
Miwarang (basa lemes), nitah.
Tunjuk, Nunjuk, nuduhkeun.

2.Boga pikir kadua leutik: naksir, biasana lalaki ka awéwé; Boga pikir kadua leutik nya ka putra Pa Haji? Kudu getol ka masjid atuh!
Boga, ngapimilik.
Leutik, teu gedé.
Pikir, (basa Arab), mikir, néangan jalan pisalameteun, ngahartikeun rupa-rupa hal.

3.Bonténg ngalawan kadu: nu héngkér ngalawan nu kuat, rayat leutik ngalawan nu keur boga kakawasaan; Awak begang kitu maké hayang tinju jeung Chris Jhon, sarua jeung bonténg ngalawan kadu.
Bonténg, ngaran jenis palawija, sayur-sayuran.
Kadu, ngaran bungbuahan nu kulit luarna cucukan.
Lawan, ngalawan, ngayonan, dilarapkeun dina hal nyanghareupan naon-naon nu dianggap nu perlu ditalukeun, kaasup dina pertandingan olah raga.

4.Bubu ngawaregan cocok: méré naséhat atawa nyieun aturan anu balukarna matak nguntungkeun sorangan; Karek sapoe diangkat jadi kepala cabang geus bubu ngawaregan cocok, naekkeun SPJ husus keur dirina.
Bubu, parabot atawa alat paranti naheun lauk nu neureus ka girang biasana dipasang di walungan, dijieunna ti awi.
Cocok, keur nutupan liang dina bubu, cocokna téh carang bisa asup lauk, ngan laukna teu bisa kaluar deui.
Wareg (basa lemes), seubeuh.

5.Cécéndét mandé kiara: jalma leutik taya pangaboga hayang mapakan atawa nyaruan nu beunghar atawa nu gedé pangaruhna; Kaayaan manéh ayeuna mun hayang kawas nu beunghar unggal ahir taun liburan ka luar negeri sarua jeung cécéndét mandé kiara, pangasilan pas-pasan.
Cécéndét, ngaran tutuwuhan leutik nu sok jadi ku sorangan, henteu ngahaja dipelak, buahna sagedé leunca, mun geus asak rasana amis sarta aya cangkangan nu kawas kalokop.
Kiara, ngaran tangkal kai has Jawa Barat nu gedé jeung luhur.
Pandé, rupa atawa semu; Mandé, nyaruaan, nyarupaan

6.Cicing dina sihung maung: kumawula atawa babakti ka nu pikasérabeun tepi ka milu diajénan ku nu séjén; Saprak sok dibabawa ku Bupati, manéhna jadi pada ngajénan atuda sasat cicing dina sihung maung.
Cicing, 1.matuh, 2.nahan gerak.
Maung, méong gedé, ngaran sato badag sabangsa ucing.
Sihung, 1.huntu nu méncos jeung seukeut antara huntu hareup jeung caréham ayana dina satok galak saperti maung, 2.bilangan bawang, bawang bodas jeung bawang beureum nu siga sihung.

7.Clik putih clak hérang: ihlas, rido, lain duméh dipaksa; Bapa mah clik putih clak hérang masrahkeun pausahaan ka hidep téh.
Clak, 1.singgetan tina kéclak kecap panganteur pagawéan kana tutumpakan nu biasa dipancal (kuda, moto, sepéda, jeung sajabana, 2. singgetan tina keclak, dilarapkeun kana sora cai saeutik nu murag.
Clik, kecap panganteur pagawéan dilarapkeun kana barang leutrik nu ragrag.
Hérang, beresih, ngagenclang (barang), henteu kiruh (cai).
Putih (bs Melayu), bodas.

8.Cueut ka nu hideung, ponténg ka nu konéng: teu adil, pilih kasih, teu obyéktif; Ari jadi pamingpin téh ulah cueut ka nu hideung ponténg ka nu konéng, kudu adil ulah pilih kasih.
Cueut, luhur atawa beurat sabeulah, henteu saimbang.
Ponténg, monténg, 1. déngdék, henteu saimbang, 2. mudun (jalan cai).

9. Cul dogdog tinggal igel: ninggalkeun pagawéan nu baku, migawé pagawéan nu hasilna teu nyugemakeun; Keuna ku paribasa cul dogdog tinggal igel manéh mah, geus genah jadi montir éléktronik maké hayang jadi montir motor. Teu payu pan, da manéh mah kurang nyaho kana mesin.
Cul, ninggalkeun kitu waé.
Dogdog, tatabeuhan sabangsa bedug leutik biasa dipaké dina réog.
Igel, ngibing.
Tinggal, kari, nyésa.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x