Carnyam Sunda Putri Anjungsari (64), Urang Pajajaran nu Tikelebuh di Citarum teh Salamet

- 23 Maret 2023, 02:30 WIB
Watu Gilang tempat diistrenana raja-raja Pajajaran.  Ku pasukan Banten nu ngaranjah jeung ngahuru Pakuan Pajajaran, Watu Gilang dibawa ka Banten. DItreundeun di komplek Karaton Surosowan.
Watu Gilang tempat diistrenana raja-raja Pajajaran. Ku pasukan Banten nu ngaranjah jeung ngahuru Pakuan Pajajaran, Watu Gilang dibawa ka Banten. DItreundeun di komplek Karaton Surosowan. /Nanang S/Galura

 

PUTRI Anjungsari ngalungsar handapeun saung ranggon. Tonggongna nyarande kana tihang, ari diukna ditilaman ku kaen nu dipake simbut. Lalampahan ti patilasan Citarum, meuntas Cimanuk, tepi ka dinya matak lunges. Katambah deui, waktu meuntas Ci Tarum kapaksa kudu malikkeun parahu sangkan ti kecebur.

Sanggeus ti kecebur, terus ngojay bari teuleum. Hanjat pakeanana jibreg, baraseuh. Atuh ngahodhod, tepi ka noroktok. Teu lila ngarongheap nu mapagkeun, awewe, duaan. Putri Anjungsari dibawa ka guha deukeut patilasan. Di dinya geus nyampak pakean beresih, kadaharan jeung cihaneut keur nginum. 

Sanggeus ganti pakean, geus nginum cihaneut jeung geus barangdahar,  teu pati tiris teuing. Ongkoh deui diharudum, teu sirikna dibakutet, ti mimiti sirah tepi ka dampal suku. Putri Anjungsari satuluyna sare nyarande kana gawir. Dituguran ku nu mapagkeun, henteu milu sare. Rebun-rebun keneh, Putri Anjungsari geus dihudangkeun.

Tiluanana kaluar ti guha, sarta ting belesat lumpat ka beula kaler, semu ngulon. Mapay sisi leuweung gerotan tonggoheun patilasan nu arang ka saba ku jalma. Teu lila anjog ka hiji imah nu nenggang pisan, pakaranganana lega sarta dikurilingan ku haur gereng. Jalma saliwat mah moal nyangka di dinya aya imah.

Arasupna ti panto hareup. Di dapur nyampak lalaki tiluan, ngariung hawu nu seuneuna tinggal ruhayna, dariuk dina jojodog. Tapi panasna masih keneh ngaheab. Ngadenge aya nu asup, nu saurang nguniang, terus nyampeurkeun. Putri Anjungsari dipernahkeun di kamar, sina reureuh deui. Ari awewe nu duaan dariuk di patengahan.

Geus kitu nyampeurkeun deui baturna nu masih dariuk hareupeun hawu.

“Aya saha?” ceuk Bena.

“Bojo jeung adi kula,” tembal eta lalaki.

“Ari peuting ka marana?” Rait milu nanya.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x