Munggah Mapag Bulan Suci Ramadhan di Ciamis Kaler, Ngabedahkeun Balong

- 21 Maret 2023, 10:22 WIB
Di Ciamis kaler, warga dina ngabageakeun Bulan Suci Ramadhan sok ngabedahkeun balong. Munggah di sisi balong dalahar  deungeunna beuleum lauk.
Di Ciamis kaler, warga dina ngabageakeun Bulan Suci Ramadhan sok ngabedahkeun balong. Munggah di sisi balong dalahar deungeunna beuleum lauk. /Nanang S/Galura


GALURA –Nana, isuk-isuk keneh, piduapoeeun deui kana Bulan Suci Ramadhan, Senen (20/03/2023) di imahna, di Selacai, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis geus singkil. “Rek ngabedahkeun balong, munggah,” pokna bari nyokotan sosog, ayakan, jeung sair nu digantungkeun di deukeut panto dapur.

Di Ciamis kaler, ceuk Nana, dina ngabageakeun Bulan Suci Ramadhan, warga geus biasa ngabedahkeun balong. Leutakna diguguntur, bangsaning runtah saperti urut dahan sampeu, kalakay, diberesihan. Kira wanci 11 beurang mareuleum lauk di sisi balong, dahal balakecrakan. “Kitu munggah di dieu mah,” pokna.

Memeh lohor, munggah mapag Bulan Suci Ramadhan ngabedahkeun balong geus rengse. Kuluwungna dipendet, balongna dicaian deui. Sanggeus balong bagean tengahna pinuh, lauk dina lombang disensor. Lauk alaeun dikanaemberkeun ari nu lain alaeun dipelakeun deui.

Baca Juga: Ngabuburit Literasi di Gada Membaca, Rencanana Dibuka ku Bunda Literasi Ciamis

Bari ringkung ku babawaanana, Nana ka lebak, kira 200 meter ti imahna. Ancrub ka balong jejerona. Bari dongko rumpa-rampa neangan kuluwung. Geus kapanggih pependetna dibuka, sosog dipasang dina tungtung kuluwung.

Cai balong nungtutan saat sarta laukna nareureus kana lombang. Lauk anu ngagonyook deukeur sosog disairan, diasupkeun kana ayakan badag. Geus loba dipindahkeun kana lombang. Kitu saterusna tepi ka kabeh lauk dikanalombangkeun. Lombang keur lauk badag jeung keur lauk dipisahkeun.

Sosog dibuka. Laladeg digarokan sina kabawa palid. Laladeg sisi tambakan mah dihanjatkeun, keur gemuk pepelakan. Meunang tilu balikan Nana mendet balong sarta sanggeus balogna kacaian tepi ka saparapatna dibedahkeun deui, leutakna diguguntur.

Ngabedahkeun balong, ngaguguntur laladeg, ceuk kolot baheula mah eta teh simbul naon nu kudu dipilampah dina nyanghareupan Bulan Suci Ramadhan.

Baca Juga: Batu Lambang Peribadatan di Karangkamulyan Ciamis Nunjuk ka Arah Kiblat

Ngabedahkeun balong nyimbulkeun urang teh kudu ngabudalkeun hal-hal nu negatif dina hate jeung dina pikiran. Leutak nyimbulkeun rereged hate jeung kasakit hate nu kudu “diguguntur” nu kudu diberesihan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x