Pestival Damar Larung di Situ Wangi Winduraja Ciamis, Hanjakal Cai Situna Semu Hejo

- 12 Maret 2023, 10:33 WIB
Di Situ Wangi Desa Winduraja Kabupaten Ciamis digelar Pestival Damar Larung. Ngan Hanjakal caina semu hejo.
Di Situ Wangi Desa Winduraja Kabupaten Ciamis digelar Pestival Damar Larung. Ngan Hanjakal caina semu hejo. /Nanang S/Galura


GALURA. Ahad, 12 Maret 2023, lumangsung Pestival Damar Larung, di Situ Wangi, di Kampung Hayawang, Desa Winduraja Kecamatan Kawali Kabupaten Ciamis. "Festival Damar Larung udaganana di antawisna kanggo langkung ngapromosikeun Situ Wangi," ceuk Ketua Panitia Pelaksana Pestival Damar Larung, Ojat Sudarajat.

Ojat nyebutkeun Pestival Damar Larung teh munggaran dilaksanakeun sabada Situ Wangi direvitalisasi ku pamarentah Provinsi Jawa Barat. "Kahoyong mah dilaksanakeun maneuh sataun sakali," ceuk Ojat.

Festival Damar Larung oge dina raraga mieling Hari Air Sedunia sarta dilaksanakeun ku Pokdarwis Desa Winduraja Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Situ Wangi Winduraja, Destinasi Wisata Anyar di Ciamis Kaler

Camat Kawali, Heryana, nyebutkeun Pestival Damar Larung teh sejarah keur wewengkon Ciamis Kaler mah. Disebutkeun sejarah lantaran munggaran dilaksanakeun, sarta salin ti udaganana keur leuwih ngawanohkeun Situ Wangi oge keur ngajaulkeun ajen-inajen budaya di Desa Winduraja.

Dina Pestival Damar Larung digelar santunan keur nu jompo jeung keur yatim. Aya pagelaran seni, pameran kadaharan has Desa Winduraja jeung pangobatan gratis ti Puskesmas Kawali jeung RSUD Kawali.

Puncak acarana Damar Larung nu dilaksanakeun jam 8 peuting. Moal kurang ti 500 damar dipalidkeun di Situ Wangi. Prosesi Damar Larung digarap ku Atus, seniman jeung budayawan Winduraja.

Hanjakal dina Pestival Damar Larung cai Situ Wangi semu hejo, henteu herang. Ceuk warga di dinya, cai Situ Wangi memang ti baheula oge kitu, najan geus direvitalisasi oge.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x