Batu Lambang Peribadatan di Karangkamulyan Ciamis Nunjuk ka Arah Kiblat

- 16 Maret 2023, 11:00 WIB
Batu Lambang Peribadatan di Karangkamulyan Ciamis, mun ditempo ti luhur memencosna nuduhkeun arah Kiblat.
Batu Lambang Peribadatan di Karangkamulyan Ciamis, mun ditempo ti luhur memencosna nuduhkeun arah Kiblat. /Nanang S/Galura

GALURA -Batu Lambang Peribadatan teh salasahiji situs sejarah di Karangkamulyan, Kecamatan Cijeungjing, Kabupaten Ciamis. Pernahna teu jauh ti sisi jalan nagara Ciamis-Banjar, ukur kahalangan ku pager jeung kakayon. Memencos Lawang Peribadan nunjuk ka arah Kiblat.

Tina sela-sela kakayon di Lambang Peribadatan nu nuduhkeun arah Kiblat katempo mobil ngaliwat, ti wetan, ari nu holna ti kulon make jalan nu di sisina. Ti Karangkamulyan tepi ka pengkolan ka Desa Kepel, Kecamatan Cisaga, Kabupaten Ciamis, jalan teh sajalur-jalur, nu ti kulon jeung ti wetan henteu perewis.

Naon sababna eta situs nu aya di Karangkamulyan disebut Lambang Peribadatan sarta nuduhkeun arah Kiblat? Naha asalna luyu jeung ngaranna, tempat ibadah, jeung jadi lambang peribadatan? Gede kamungkinana kitu. Urang Sunda, keur tempat ibadah teh cukup ku make tanda atawa ciri.

Baca Juga: Situs Karangkamulyan Ciamis; Cagar Budaya, Tempat Sakral jeung Objek Wisata

Lambang Peribadatan di Karangkamulyan ku urang Bali mah dipusti-pusti jeung dihormat pisan, dianggap tempat sakral. Ceuk Budi, ahli kabatinan di Bandung, urang Jawa oge sok loba nu ngadon mujasmedi di dinya, ti peuting.

“Ti dieu, ti Lambang Peribadatan urang bisa ngalanglang ka situs-situs karamat sejenna di Nusanara. Dina ngalanglangna lain ku cara fisik, tapi ukur eroh urang nu ngalanglangna,” pokna.

Dede Sumarno, urang Karangkamulyan, nyebutkeun Lambang Peribadatan teh tempat ngumpulna parawali, tempat gempunganana parawali, tempat ngariungna parawali.

Dangiang Lambang Peribadatan, ceuk Dede Sumarno, masih keneh kuat. Energina, energi positif oge kuat keneh pisan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (57). Nyanghareupan Prajurit Cirebon nu keur Ngudag Urang Pajajaran

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x