Tradisi Jaman Baheula di Ciamis, Kuramas di Sungapan Cai Piisukeun Puasa Bulan Ramadhan

- 21 Maret 2023, 13:28 WIB
Bareto di Ciamis kaler piisukeun puasa bulan Ramadhan, pasosore, tas asar masarakat ngabring ka sungapan cai, cinyusu, ngadon mandi, kuramas, ngasay awak.
Bareto di Ciamis kaler piisukeun puasa bulan Ramadhan, pasosore, tas asar masarakat ngabring ka sungapan cai, cinyusu, ngadon mandi, kuramas, ngasay awak. /Nanang S/Galura

GALURA –“Bareto mah piisukeun puasa bulan Ramadhan, pasosore, tas asar ngabring ka sungapan cai, cinyusu,” ceuk Mang Eman, urang Ciamis kaler. Di sungapan cai, marandi, kuramas, ngururu, meresihan awak, dikasay ku daun jambu batu, ngosok huntu ku daun eurih nu piley-piley.

Pangna ngahaja kuramas di sungapan cai atawa cinyusu sangkan leuwih ngaberesihkeun awak. Baheula mah arang pisan nu barogaeun sumur jeung tacan usum cai ledeng, marandina dina pancuran nu caina ti wahangan. Nu matak piisukeun puasa Ramadhan sok kuramas di sungapan cai nu caina beresih keneh.

Ayeuna mah geus arang langka nu ngadon mandi di cinyusu piisukeun puasa bulan Ramadhan teh. Kahiji, sumber cinyusu nu caina ngagolontor geus langka, kadua masarakat rata-rata geis boga sumur atawa masang cai ledeng. Nu matak kuramasna teh di imahna sewang-sewangan.

Baca Juga: Munggah Mapag Bulan Suci Ramadhan di Ciamis Kaler, Ngabedahkeun Balong

Kuramas, mandi, ngaberesihkeun badan sabersih-bersihna di sungapan cai ngandung simbul, ngandung ajen-inajen, sarta cara luluhur Sunda dina mepelingan urang mapag bulan Ramadhan.

Mandi, kuramas, ngandung harti urang samemeh ngalakonan puasa dina bulan Ramadhan kudu dina kaayaan hate jeung jiwa beresih. Ngalakonan ibadah puasa nu diudagna rido Alloh jeung sangkan tina puasa beubeunangan, lain ukur meunang hanaang jeung lapar.

Ramadhan teh bulan suci, urang dina asupna oge kudu dina kaayaan suci, hate beresih. Malah apan alusna mah piisukeun kana puasa bulan Ramadhan teh sililubarkeun kasalahan jeung kulawarga, babaturan, tatanga jeung batur sapagawean.

Ciri urang beubeunangan tina puasa bulan Ramadhan: tekad, ucap jeung lampah leuwih hade batan samemehna. Kasakit hate leungit, hate beresih tina kasakit.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x