GALURA – Workshop Drama Basa Sunda pikeun Guru SMA jeung SMK sa-Jawa Barat digelar di Pusat Budaya Pagerageung, Tasikmalaya, 20-21 Maret 2023.
Éta Workshop Drama Basa Sunda téh rukun gawe Padepokan Seni Bumi Ageung, Balai Bahasa Provinsi Jawa Barat, jeung Pusbanglin Badan Bahasa Kemendikbudristek.
Kalawan diiluan ku 100 peserta, guru Basa Sunda jeung guru Seni Budaya SMA/SMK sa-Jawa Barat, dina workshop ge aya pintonan drama Amara Rababu garapan Téater Dongkrak Tasikmalaya, karya Nazarudin Azhar, sutradara Tatang Pahat.
Demi nu jadi panyaturna, nyaéta satrawan Hadi AKS, Rosyid E Abby (sutradara, penulis naskah, jurnalis), katut Iman Soleh (dosén téater, aktor, sutradara).
Harita, Hadi AKS ngadadarkeun ngeunaan nulis naskah drama, Rosyid E. Abby midangkeun bagbagan sual penyutradaraan, anapon Iman Soleh mah ngaguar perkara pemeranan.
Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Ceuk Rosyid E Abby, drama minangka salasahiji genre dina sastra salian sajak jeung prosa. Cindekna, drama téh hiji wanda kasenian nu ngadadarkeun carita dina wangun dialog (paguneman) jeung laku di hareupeun nu lalajo.
Dina drama, dimensi sastra diwangun ku unsur intrinsik nu kapidangkeun dina judul, téma, tokoh, plot, seting, sarta amanat nu ditepikeun.