Wayang

- 18 Juni 2023, 06:00 WIB
Pagelaran wayang golek.*
Pagelaran wayang golek.* /Nanang

 

Wayang

Ku: Nanang Supriatna

JAGAT pawayangan eundeur. Kabéh wayang, ti mimiti cacah kuricakan tepi ka pangkat raja taya nu henteu madungdengkeunana. Keur  ngariung, keur ngawangkong, dalah nu ngalobrolna ukur duaan,  tara henteu disabit. Jadi bahan sawala, jadi bahan adu kamandang. Mindeng kajadian tepi ka hog-hag, ngan henteu ari tepi ka paséa rongkah mah. Di mana-mana kituna téh.

Mimitina mah nu jadi bahan paguneman parawayang téh museur ka nu rék dibéré pangajén ku Komisi Hak Azasi Wayang  (HAW) nu kantor pusatna di Dwaraka, nagara nu dipingpin ku Kresna. Saréréa geus leuwih ti nyaho kumaha kalakuanana ka Pandawa. Keur leutik, waktu cicing di Astina kénéh, Pandawa teu eureun-eureun dikakalakeun.

Apan  Bima mah kungsi dibaruang sagala sarta sanggeus kapiuhan terus ditalian maké areuy, laju dialungkeun ka Walungan Gangga. Mun teu dipacokan ku oray nu peurahna matih pisan mah Bima moal bisa salamet. Pandawa ogé kungsi rék dirogahala ku cara tempat reureuhna, Balé Sigala-gala di Waranawata, diduruk. Untung waé méméh kajadian dibéjaan ku pamanna, Widura.

Kajadian séjénna: dina ngadu dadu di Astinapura, Yudistira dilicikan. Drupadi nu dipaké tarohan sanggeus Amarta pindah leungeun ka Korawa, waktu rék ditaranjangan ku Dursasana, diantep, malah  dihucuhkeun. Alatan dirina, salila dua belas taun, Pandawa kudu ngalakonan hirup kadungsang-dungsang di leuweung, sataun kudu nyamur ulah tepi ka kanyahoan ku Korawa.

Naha pantes nu kitu kalakuanana dibéré pangajén nu pangluhurna?  Kitu umumna patalékan parawayang téh. Nu matak Bima mah barang ngadéngé nu ngakaya dirina jeung dulurna rék dibéré pangajén téh tepi ka téténjrag sagala. Amarahna méh teu kawadahan. Mun teu dipeper ku Yudistira mah, Bima bari manggul Gada Rujak Polo sajungjungeun rék ngontrog  Komisi HAW.

Déstarata, Gandari, Sangkuni, Korawa sadudulur, jeung Karna mah béda deui.  Pangajén ti Komisi HAW téh ngagumbirakeun pisan, komo keur jinisna mah. Pangajén ti HAW dianggap bisa narik simpati karajaan séjén ka Karajaan Kuru. Teu mustahil karajaan nu biluk ka Kuru bakal nambahan. Anu tadina mihak ka Pandawa ogé teu mustahil jadi ngarojong Korawa.

Kakuatan militér Korawa bakal leuwih tohaga. Dina derna perang jeung Pandawa, Korawa bisa unggul. Kurawa bisa tetep ngawasa Kuru. Kahayang Gandari baris ngawujud sarta moal aya nu wanieun ngaganggu gugat. Anu dipikapaur  jeung dipikahariwang ku Bisma, Widura jeung Dorna, moal kajadian. Incu Gandari nu autis téh bakal bener-bener jadi putra mahkota.

Sangkuni mah nyebutkeun lain nu mustahil deuih Pandawa jadi ngarengkog dina meredih Korawa masrahkeun Karajaan Kuru. Lain ukur pédah gimir, tapi ogé pédah ngarasa  henteu merenah perang ngalawan raja nu dilélér pangajén ku  Komisi HAW. Keukeuh ménta Kuru, ceuk Sangkuni, Pandawa bakal dituduh teu ngahargaan Komisi HAW nu réputasina geus kauji.

Ngan sanggeus dipalikiran deui, parawayang ménak karék engeuh pangajén ti Komisi HAW téh bakal mawa pangaruh nu teu bisa disebut énténg.  Pararaja, parapatih, paramantri, parasenopati, ngadadak parias. Reuwas, hariwang pacampur jadi hiji. “People power” teu mustahil bakal kajadian, harta jeung tahta moal bisa dikeukeuweuk deui.  

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x