Wayang

- 18 Juni 2023, 06:00 WIB
Pagelaran wayang golek.*
Pagelaran wayang golek.* /Nanang

Paraanak raja, babakuna  nu geus digadang-gadangkeun jadi panguasa, guligah, teu genah cicing, hareudang bayeungyang, teu genah saré, leuwih-leuwih nu kamampuhanana pas-pasan mah. Sarieuneun teu bisa nyekel kakawasaan sanggeus bapana tilar atawa sanggeus bapana ngécagkeun kalungguhan. Ukur incuna Gandari nu siga teu kapangaruhan téh.

Parawayang nu di alam manusa salawasna dikapanggungkeun tepi ka gulinggasahan téh  lantaran Komisi HAW ngalélér pangajén ka Suyudana. Anu jadi tinimbanganana: Suyudana ngangkat anak kusir karéta di Karajaan Kuru jadi bupati di Awangga. Saméméhna mah tacan kungsi aya anak ti kasta panghandapna dina strata sosial pawayangan diangkat jadi pangagung.

Komisi HAW mandang Suyudana téh tokoh nu ngayakeun parobahan luar biasa di alam pawayangan. Dina ngangkat pamingpin di Karajaan Kuru, nu dipentingkeun ku Suyudana kapabilistasna, henteu mentingkeun silsilahna. Buktina waé, adi-adina réa nu henteu dibéré kalungguhan lantaran dianggap moal bisaeun ngalaksanakeun pancénna.

Ceuk Komisi HAW,  diangkatna Karna jadi adipati di luar tetekon nu geus dicekel  pageuh pisan di alam pawayangan. Suyudana wani ngarempak aturan nu dina pawayangan diéstokeun pisan: pamingpin salawasna holna ti golongan ménak, dumasar trah, lain ti somahan, somahan dianggap teu boga hak jadi pamingpin, dianggap teu boga hak jadi pangagung.

Soal  Suyudana nu teu weléh ngakalakeun Pandawa,  ceuk Komisi HAW, éta mah urusan kulawarga, henteu mangaruhan kaayaan karajaan. Buktina waé salila dipingpin ku Suyudana, Karajaan Kuru nu puseur dayeuhna di Astinapura jadi leuwih kuat jeung maju. Di alam pawayangan, Kuru téh karajaan “super power” dina sagala widang, babakuna dina militér jeung ékonomi.

Tinimbangan anu ditepikeun ku Komisi HAW tétéla pangaruhna henteu mencog tina anu dipikahariwang ku paraménak wayang. Sakumna wayang ti kasta nu di alam manusa arang diwayangkeun ngaguar deui lalakon Karna waktu bajuang dina ngaronjatkeun ajénna. Malah Karna dijadikeun panutan, dijadikeun conto, dijadikeun sumber inspirasi

Pandawa nu tadina dipikaajrih jadi dicarempad, dijejeléh babakuna ku wayang kelas handap, wayang nu arang pisan dipanggungkeun. Atuda, ceuk wayang somahan téh, kacida teuing Pandawa mani arembungeun padeukeut-deukeut  acan jeung Karna kalayan alesan Karna henteu satata, henteu saharkat, henteu sadarajat, henteu salevel: lain ti golongan satria.

Krepa jeung Dorna nu nolak Karna nu hayang jadi muridna,  padahal anléh Karna mapakan Pandawa jeung Kurawa, dianggap ngalélécé martabat wayang nu kabéh ogé sarua dijieun tina kai atawa kulit, nu kabéh ogé mun teu keur diwayangkeun sarua tempatna dina kotak. Krepa jeung Dorna henteu dianggap deui guru, lain guru sajati, lain guru nu bener-bener guru.

Ngabohongna Karna ka Parasurama dianggap lain kalakuan nu nirca, tapi duméh kapaksa, kapaksa ku kaayaan, bongan cacah kuricakan teu dibéré kasempetan keur maju. Mun teu ngaku ti golongan brahma mah Karna ku Parasurama moal ditarima jadi murid. Parasurama ogé nu nyupata Karna sanggeus nyahoeun Karna lain ti golongan brahma dijejeléh pisan.

Asal keyeng, teu cééhan, teu peunggas harepan, pinuh ku sumanget, kasta teu jadi halangan pikeun jadi gegedén, pikeun jadi pamingpin, pikeun jadi bupati, pikeun jadi raja, sakumaha nu ditémbongkeun ku Karna. Kabéh wayang ti golongan handap bisa unggah darajat, sabalikna wayang ménak bisa turun darajatna. Kitu kacindekan parawayang somahan téh.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah