Imah Warga di Talaga Wetan Kahuruan, Diduga Alatan Korsleting Listrik

- 23 Mei 2024, 06:17 WIB
Imah warga di Blok Kadawung RT 19 RW 06 Desa Talaga Wetan, Rebo (22/5/2024) kira-kira jam 11.30 WIB kahuruan diduga balukar konslet listrik.k
Imah warga di Blok Kadawung RT 19 RW 06 Desa Talaga Wetan, Rebo (22/5/2024) kira-kira jam 11.30 WIB kahuruan diduga balukar konslet listrik.k /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Kahuruanana imah Jemah (60) di Kecamatan Talaga, Kabupaten Majalengka, diduga balukar konsleting listrik.

Danramil 1704/Talaga Kapten Inf Subagio nyebutkeun, eta kajadian di Blok Kadawung RT 19 RW 06 Desa Talaga Wetan, Rebo (22/5/2024) kira-kira jam 11.30 WIB.

Anu boga imah mimiti nempo ayana seuneu anu tembong ti luhur para anu kamungkinan dibalukarkeun alatan konsleting listrik.

Disebutkeun Danramil, Jemah ngiberan ayana kajadian kahuruan ka masarakat sabudeureunana. Masarakat milu mantuan mareuman seuneu ku pakakas saayana tur inisiatif nelepon Damkar.

"Kenging informasi ayana kahuruan padumukan warga, anggota Koramil Talaga, Polsek Talaga, Satpol Kecamatan Talaga, perangkat Desa Talaga Wetan katut masarakat sabudeureu ditambih 1 unit Damkar langsung muru lokasi kajadian kangge ngabantosan mareuman seuneu," ceuk Inf Subagio.

"Seuneu tiasa dipareuman kinten-kinten tabuh 12.45 WIB, tina kajantenna eta teu aya korban jiwa,  karugelan matri ditaksir Rp80 juta rupiah," ceuk Danramil.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah