Anggota Koramil 1704/Talaga Ngabantuan Evakuasi Tangkalnu Rungkad Ninggang Imah

- 13 Maret 2024, 17:00 WIB
Personel Koramil 1704/Talaga Kodim 0617/Majalengka jeung instansi lianna katut warga ngaevakuasi tangkal nu rungkad ninggang imah warga,  di Blok Cilombang RT 05 RW 03 Desa Kareo, Kecamatan Banjaran, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/03/2024).
Personel Koramil 1704/Talaga Kodim 0617/Majalengka jeung instansi lianna katut warga ngaevakuasi tangkal nu rungkad ninggang imah warga, di Blok Cilombang RT 05 RW 03 Desa Kareo, Kecamatan Banjaran, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Personel Koramil 1704/Talaga Kodim 0617/Majalengka jeung instansi lianna katut warga satempat pakepuk ngaevakuasi tangkal nu rungkad ninggang imah warga, di Blok Cilombang RT 05 RW 03 Desa Kareo, Kecamatan Banjaran, Kabupaten Majalengka, Rebo (13/03/2024).

Danramil 1704/Talaga Kapten Inf Subagyo, ka media netelakeun, rengse nampa laporan ti masarakat, anggota Koramil jeung instansi lianna katut warga sabudeureunna, ngadongdon lokasi kajadian tur sagancangna ngevakuasi tatangkalan anu rungkad.

"Hujan intensitas badag dibarengan angin ngagelebug anu kajantenan dina waktos wengi ngabalukarkeun tatangkalan rungkad sarta ninggang bumi warga, bumina Bapa Otong Saripudin," ceuk Kapten Inf Subagyo..

Balukar tina ieu kajadian karugian materiil ditaksir Rp5.000.000. Taya korban jiwa.

Baca Juga: Tanggap Bencana, Anggota Koramil 1717/Kadipaten Ngaroris Lokasi Banjir

"Simkuring cumeluk ka masarakat anu padumukanana aya disabudeureun lamping oge tatangkalan ageung supadaos langkung waspada kangge kasalametan tur kaamanan. Margi kiwari nuju usum ngijih disarengan ku angin ngagelebug," ceuk Kapten Inf Subagyo.

Di tempat anu misah, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nepikeun ka sakumna jajaran Koramil Kodim 0617/Majalengka pikeun cumeluk ka masarakat diwilayah teritorialna sangkan ngaronjatkeun kawaspadaan jeung kasiapsiagaan.

Ayeuna keur usum mijih dibarengan ku angin ngagelebug anu rawan kajadian tatangkalan rungkad.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah