SDN Sidamukti II Rugrug, Dievakuasi Anggota Koramil 1701 Majalengka. Disdik Majalengka ka Mana?

- 19 Februari 2024, 18:41 WIB
Anggota Koramil 1701 Majalengka mantuan evakuasi  material nu ruksak alatan   suhunan SDN Sidamukti II di   Desa Sidamukti, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (19/2/2024).
Anggota Koramil 1701 Majalengka mantuan evakuasi material nu ruksak alatan suhunan SDN Sidamukti II di Desa Sidamukti, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (19/2/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota Koramil 1701 Majalengka Kodim 0617 Majalengka mantuan evakuasi material nu ruksak alatan suhunan SDN Sidamukti II rugrug, di Dusun Ciande Desa Sidamukti, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (19/2/2024).

Danramil 1701 Majalengka Kapten Cba Sidik nyebutkeun, rugrugna suhunan sakola jam 10.00 WIB nalika keur lumangsungna bimbingan belajar (bimbel) ti Mahasiswa Unma nu keur Praktek Kerja Lapangan (PKL) di lokasi kajadian.

Inyana nyebutkeun, nalika kajadian cuaca cangra tur langit bengras jeung sarta masih aya sababaraha siswa nu keur miluan bimbel ti Mahasiswa UNMA. Anu lianna geus mulang ka imahn sewang-sewangan. Gedong SDN Sidamukti II nu rugrug di rohang Kelas II jeung rohang Perpustakaan.

Baca Juga: Kinanti, Olahraga jeung Seni Ibing Penca Silat

"Karugelan balukar eta kajantenan 3 korban tatu teu parna saterasna dievakuasi ka RSUD Majalengka, karugelan materil kinten-kinten 100 juta rupiah," ceuk Sidik.

Sidik nyebutkeun rugrugna hateup bangunan SDN Sidamukti II Kecamatan Majalengka diduga kerangka bangun baja ringan hateup teu kuateun kenteng.

Anggota Koramil 1701 Majalengka, Polres Majalengka, BPBD Majalengka, nu dibantu masarakat sabudeureun meresihan material ruruntuk tur nurunkeun kenteng, antisipasi kajadian susulan nu sarua.

Dikonfirmasi di tempat nu beda, Dandim 0617Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., netelakeun pihakna geus nyiapkeun personil Kodim 0617/Majalengka keur mantuan proses evakuasi korban tur rempug gawe jeung pihak sejenna ngaorganisir jumlah korban personel jeung materil.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah