Hasil Real Count KPU Caleg DPD RI di Majalengka, Bos Bola Langganan Piala Dunia Unggul ti Komeng

- 19 Februari 2024, 06:30 WIB
Bos bola asal Majalengka langganan piala dunia jeung Liga 1, A Irwan Bola.
Bos bola asal Majalengka langganan piala dunia jeung Liga 1, A Irwan Bola. /

 


GALURA.CO.ID - Bos bola asal Majalengka langganan piala dunia jeung Liga 1, A Irwan Bola, pikeun saheulaanan unggul ti Komeng dina hasil real count KPU pemilihan anggota DPD RI dapil Jawa Barat.

Dikutip ti laman https://pemilu2024.kpu.go.id, A Irwan Bola, caleg DPD RI dapil Jawa Barat nomor urut dalapan, sawatara ieu nyangking beubeunanganana panglobana di Kabupaten Majalengka.

Ieu bos bola nyangking 53.551 sora (12,42 persen). Kawilang jauh ti Alfiansyah Komeng nu nempatan urutan kadua 44.655 sora (10,36 persen).

Baca Juga: Tilu Poé Sabada Pemilu, Anggota KPPS di Kuningan Tilar Dunya

Di urutan katilu aya Anya Rina Casmayanti nu nyangking 24.026 sora (5,57 persen) ti warga Kabupaten Majalengka.

Artis senior Jihan Fahira, nu oge maju dina pemilihan anggota DPD RI dapil Jawa Barat, nepi ka kiwari geus meunang 17.880 sora ( 4,15 persen) di Majalengka.

Salian eta, caleg DPD RI dapil Jawa Barat nomor urut 7, Agita Nurfianti, meunang 17.092 sora (3,96 persen), Aceng Fikri geus ngahasilkeun 13.836 sora (3,21 persen).

Calon lianna, Aa Ade Kadarisman, meunang 13.318 sora 3,09 persen),   Annida Alliva ngumpulkeun 13.320 sora sarta persentasena sarua 3,09 persen.

Baca Juga: Wakapolda Jabar Ngaroris Pleno PPK di Wilayah Kabupaten Majalengka

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x