Wakapolda Jabar Ngaroris Pleno PPK di Wilayah Kabupaten Majalengka

- 17 Februari 2024, 14:17 WIB
Wakapolda Jabar ngaroris sidang pleno PKK di Majalengka (17/02/2024).
Wakapolda Jabar ngaroris sidang pleno PKK di Majalengka (17/02/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID  -Wakapolda Jabar, Brigjen Pol. Bariza Sulfi, S.I.K., turun langsung ka lapangan keur ngaroris lumangsungna proses pleno PPK (Panitia Pemilihan Kecamatan) dina ngitung soara Pemilu 2024, Saptu (17/2/2024).

Wakapoda ngaroris dua lokasi: PPK Kertajati jeung PPK Majalengka, Kabupaten Majalengka, dibarengan ku  sajumlah pejabat utama Polda Jabar, Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, Wakapolres Majalengka, jeung Pejabat Utama Polres Majalengka.

Lian ti Eta: Dandim 0617 Majalengka Letkol Inf. Dudy Pilianto, S.Pd., M.Ip, jeung Ketua KPU Kabupaten Majalengka, Teguh Fajar Utama, M.P.d.

Baca Juga: Rakor Penyusunan Rencana Kontijensi Penanggulangan Wabah Kesehatan Masarakat di Kabupaten Majalengka

Wakapolda Jabar jeung rombongan ngaroris PPK teh bagean tina kagiatan Patroli Kamtibmas nu tujuanana keur mastikeun  proses pemilu lumangsung kalayan aman, lancar, jeung kajamin kaadilanana.

Dilaksanakeun sacara langsung keur mastikeun  pleno PPK lumangsung saluyu jeung katangtuan sarta euweuh gangguan jeung  pelanggaran nu ngarugikeun proses demokrasi.

Dina eta kasempetan Wakapolda Jabar mere arahan ka sakumna petugas PPK jeung masarakat nu kalibet dina proses pleno.

Inyana netelakeun pentingna ngajaga netralitas, integritas, sarta nyingkahan sagala rupa pelanggaran nu bisa ngarugikeun proses pemilu.

"Simkuring katut jajaran komitmen kangge nangtoskeun pemilu lumangsung kalayan aman tur kajamin kaadilannaa," ceuk Wakapolda Jabar

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x