Kapolres Majalengka: Hatur Nuhun, Pemilu 2024 Lumangsung Lungsur-Langsar

- 17 Februari 2024, 07:29 WIB
Kapolres Majalengka.
Kapolres Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngahatur nuhunkeun ka sakumna personil pangamanan jeung ka masarakat Kabupaten Majalengka kana panyalagraan Pemilihan Legislatif (Pileg) jeung Pemilihan Presiden (Pilpres) 2024 nu aman.

Hal eta ditepikeun ku Kapolres Majalengka, Jumaah (16/2/2024) minangka bukti keur ngapresiasi gawe soson-soson tur rempug gawe sakumna pihak.

Kapolres Majalengka netelakeun rasa kareueusna ka sakumna personil kapulisian, TNI, katut sakumna unsur pengamanan nu geus tihothat ngajaga kaamanan salula proses Pemilu lumangsung. Inyana oge ngapresiasi partisipasi aktif masarakat dina ngajaga katartiban sarta ngarojong lumansungna demokrasi.

Baca Juga: Hasil Real Count Sementara KPU Caleg DPR RI Dapil IX Jabar, di Kabupaten Majalengka

"Hatur nuhun kangge sadaya personil pengamanan, boh ti kapulisian, TNI, boh instansi sanesna, nu tos mancen tugas kalayan pinuh dedikasi. Oge kangge masarakat nu tos partisipasi aktif dina nyiptakeun suasana aman salami pelaksanaan Pemilu 2024," ceuk AKBP Indra Novianto.

"Pamugi naon-naon nu tos dilaksanakeun janten ladang amal ibadah, ieu kasuksesan gawe bareng urang sakumna kangge ngawujudna demokrasi nu di Kabupaten Majalengka," ceuk Indra Novinto.

Kapolres Majalengka oge cumeluk pentingna ngajaga solidaritas jeung sumangat sabilulungan di antara elemen masarakat pascapemilu. Inyana miharep sumanget gotong-royong jeung toleransi bakal tuluy kajaga keur ngawangun Kabupaten Majalengka nu leuwih hade.

Kapolres Majalengka miharep sangkan ieu sumanget positif jadi landasan keur mengkuhkeun persatuan jeung kesatuan masarakat dina nyanghareupan sababaraha tangtangan kahareupna.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x