Hasil Real Count Sementara KPU Caleg DPR RI Dapil IX Jabar, di Kabupaten Majalengka

- 16 Februari 2024, 14:38 WIB
Lambang KPU
Lambang KPU /Tangkapan layar dari situs breached.to

 

GALURA.CO.ID -Penghitungan suara Pemilihan Anggota Legislatif (Pileg) 2024 keur DPR RI Dapil Jabar IX masih lumangsung.

Farah nyangking 12.602 soara, katembong masih nu panglobana dibanding caleg sejenna di Dapil IX Jabar (Subang, Majalengka, jeung Sumedang).

Caleg nomor urut dua ti Partai Golkar, Galih Dimuntur Kartasasmita, nyangking 10.049 soara, aya dina urutan kadua.

Baca Juga: Hasil Real Count Sementara KPU Caleg DPR RI Dapil IX Jabar, di Kabupaten Majalengka

Salian eta, Plt Ketua PPP Jawa Barat, Pepep Saepul Hidayat nu di Pileg 2024 maju ka DPR RI ti Dapil Jabar IX nepi ka kiwari geus nyangking 9.370 soara.

Satuluyna caleg nomor urut hiji Partai Gerindra, Jefry Romdonny, nyangking 9.370 soara, disusul Caleg nomor urut 8 ti PKS, Ateng Sutisna nu geus nyangking 8.820 soara.

Caleg PDIP, Tb Hasanuddin, nyangking 8.150 soara, Caleg Partai Golkar, Itje Siti Dewi Kuraisin nepi ka kiwari geus nyangking 8.145 soara, satuluyna anten Bupati manten Majalengka periode 2008 - 2018 sakaligus Caleg PDIP nomor urut opat, Sutrisno, nyangking 6.917 soara.

Caleg PKS nomor urut hiji, Nurhasan Zaidi, geus nyangking 6.836 soara, caleg Gerindra nomor urut dua, Ridwan Dhani Wirianata, nyangking 6.415 soara, jeung Caleg PKB sakaligus Jubir Timnas Amin, KH Maman Imanulhaq, geus nyangking 6.104 soara.

Baca Juga: Harga Bèas Undak, Ceuk Bupati Bandung Ulah Hariwang Stok Cadangan Aman Tilu Bulan ka Hareup

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x